• Hong!

    DITULUNGAN BAGONG jeung BUHAYA


    Dongéng Ahéng Tsunami Banten (3)

    Urang tunda dongéng Nyi Munigar, Lur! Aya deui kajadian-kajadian ahéng basa ngajelegur tsunami di basisir kulon saminggu katukang.

    Malem Minggu harita, lain grup band Seventeen baé nu jadi korban téh. Aya deui musisi jeung penyanyi nu peuting harita keur manggung di basisir Cipenyu, kira-kira lima kilométer anggangga ti Tanjung Lisung, di béh kulon. Ieu acara hiburan téh diayakeun ku para karyawan Kantor Perpajakan Sérang, di hiji villa Cipenyu nu anggangna ukur lima méter ti sisi laut. Nu ditanggapna lain band sohor kawas Seventeen, tapi ukur organ tunggal.

    Kajadianana persis kawas Seventeen, di panggung duaan artis lokal keur mijah nyanyi, tuluy… jelegur datang tsunami narajang, ngaléléd saréréa. Sugia pamuda urang Cipenyu nu peuting harita milu lalajo, cenah ngadéngé aya sora ngajelegur tarik kawas bom, ti lebah tanjung Saman. Ukur dua-tilu detik kira-kira, jegur ombak badag narajang. Sugia nu kabeneran disasarung rikat nérékél naék kana tangkal kalapa, kira-kira lima méter luhurna, tapi manéhna ripuh digubag-gabig ombak. Untung leungeunna pageuh nyekelan tangkal kalapa tepi ka manéhna bisa salamet.

    Ari para karyawan kantor Perpajakan téa kabéh katarajang ombak. Aya duaan salaki-pamajikan nu keur anteng ngerem manéh di jero mobil sisi basisir, biheung keur naon. Maranéhna salamet bubuhan mobilna jadi kawas parahu, malik ngageuleuyeung kaséréd ombak jauh ka lebah daratan. Nu séjénna patingkocéak, pagulung-gulung kaséréd ombak. Aya genep urang nu maot, kaasup pamaén organ jeung penyanyi saurang. Ari artis nu hiji deui nu ngaran Syahrini urang Pandéglang (lain Syahrini artis sahor ieu mah), tepi ka ayeuna layonna can kapangggih, biheung di mana ngambangna atawa nyangsangna. Ceuk urang Cipenyu nu milu cakah-cikih mantuan ngévakuasi, dina kantong atawa tas para korban loba kapanggih botol inuman keras jeung bungkusan palastik nu eusina bubuk nu warnana bodas.

    Di laut Cipenyu kénéh, peuting harita Rohmat pamayang urang Cikujang keur anteng sorangan nguseup corak (cumi-cumi) dina jukung. Basa jelegur ombak tsunami narajang, manéhna kapangpéngkeun tina jukung, sarta terus digulung ombak. Kaitung lila manéhna kokoléaban, bajoang nyalametkeun manéh di jero gulungan tsunami nu tohaga narajang. Ari barang bisa mecenghul ka luhur, kana kulit cai…bréh katénjo aya bagong nu sarua keur ngojay. Bedul disebutna ku urang Banten mah bagong téh. Ahéng pisan bet aya bagong. Clak baé Rohmat tuluy tumpak kana éta sato nu sasari sok pada moro sabab tukang ngaruksak pepelakan. Éta bagong terus ngojay muru daratan, kawas ngahaja hayang nulungan manusa dina rongkahna bencana tsunami. Basa Rohmat cacahan ngadongéngkeun éta kajadian ahéng ka tatanggana di Cikujang, saréréa patingcolohok pada hareugeueun. Tapi aya nu tuluy pok “Beuh…dia kudu nyebut uyut atawa karuhun ka éta bedul!” pokna bari tuluy sareuri ager-ageran.

    Kulonaeun Tanjung Lisung aya tempat nu katelah Legonwaru, nu sok ramé ku nu daragang ari poé Minggu atawa mangsana liburan. Perenahna wétaneun Cipenyu ieu tempat téh. Nu daragang di dinya urang Karangmeungpeuk, lembur nu adek ka éta legon. Legon téh sesebutan pikeun teluk leutik. Di basisir kulon loba tempat di basisir nu disebut legon, upamana baé Legonpakis, Legonkarang, jsb. Basa tsunami ngajelegur, peuting harita gé aya nu daragang di Legonwaru bubuhan malem Minggu jaba keur usum liburan. Puguh baé peuting harita loba nu jadi korban. Untungna pada salamet, teu aya nu maot, kaasup Ujang budak umur tujuh taun. Tah, Ujang gé matak ahéng deui baé dongéngna téh. Ombak nu ngajelegur sakaligus, nu ngadingding leuwih ti lima méter luhurna, ngaléléd ngancurkeun jongko-jongko jeung nu daragangna di Legonwaru. Nu tingjarerit patingkerelep, nu tingkocéak nyiar pamuntangan, nu ngarawél tatangkalan, dina ombak nu ngaguruh neumbag taya ras-rasan. Kaayaan nu wuwuh keueung. Ujang kekerelepan, kokoléaban sorangan nyiar pamuntangan, bari teu sadar naha awakna kaséréd ka darat atawa kacéot ka tengah laut. Keur kitu, bréh katénjo aya mahluk méh sagedé awakna, tonggongna karadak, buntutna panjang cucukan, kawas ngahaja ngadeukeutan. Ujang budak basisir nu mindeng sok kokojayan di laut, kakara harita nénjo mahluk nu rupana kitu. Ngan manéhna geus nyaho ari dongéngna mah. Buhaya, ceuk pikirna. Boa rék nyapluk aing. Tapi kawas hayang nulungan. Clak Ujang tumpak kana tonggongna, kawas aya nu ngangkat awakna. Diuk anjeucleu. Ngageuleuyeung, dibawa ku éta buhaya ka sisi. Ujang luncat, bari tuluy ngajanteng nénjokeun éta mahluk nu tuluy tilem deui ka jero laut. Hing baé manéhna ceurik sorangan, di antara sora ombak tsunami nu ngaguruh jejeleguran….**

    (Sakumaha anu didongéngkeun ku urang Cipenyu ka Ka Juhdi urang basisir Camara)

    Sumber tulisan: Hadi AKS

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi