• Hong!

    TSUNAMI, TANJUNG LISUNG jeung NYI MUNIGAR (2)


    Genep poé sabada tsunami, urang basisir kulon ayeuna masih trauma. Komo aya béja majar Gunung Rakata geus ningkat kana siaga tilu. Tsunami boa-boa bakal ngajelegur deui. Keueung, ginggiapeun. Nincak di jalma nu kaleungitan, naha kulawargana maot atawa leungit, pirang-pirang kakeueung téh. Éta sababna maranéhna tuluy ngéli (ngungsi) ka lembur-lembur di pagunungan. Langka nu daraék pindah ngungsi ka ténda-ténda, barak atawa posko pangungsian nu disadiakeun ku rupa-rupa lembaga; TNI, Basarnas, jeung sajabana. Mending kénéh ngungsi ka dulur di pagunungan, tumaninah, ongkoh jauh ka basisir.

    Atuh jadi ujug-ujug heurin usik lembur-lembur di gunung téh. Urang Sumur ngungsi ka tonggoh, ka lembur Citangkil, Padali, Sadang atawa Cibaliung. Urang Camara ngaraleut ka Pamatang Laja atawa Karang Bolong. Urang Tanjung jeung Citeureup ngalabring ka lembur Lingsuh, Citapis atawa Cigeulis. Haliwu béh, lembur jadi haneuteun, kaimpungan ku dulur jeung tatangga jauh.

    Ari di pilemburan sisi basisir sabalikna, réhé combrék, kawas astana. Ukur ruruntuk imah, kai jeung rungkang tatangkalan nu pabalatak, ngahunyud di mana-mana. Peuting jadi pohara keueungna. Laut geueuman. Taya lampu-lampu bagang nu sasari sok renclang tingkariceup di tengah laut. Poék baé saparatna. Ombak nu gumuruh neumbagan basisir, kawas leungeun pati nu datang néangan mamangsan. Simpé sabudeurna. Ukur aya tentara atawa marinir balawiri, jaga-jaga. Anjing sakapeung babaung. Angin laut nyambungkeun bau bangké, tina layon-layon nu can kapanggih, biheung di lebah mana ngambangna.

    Kitu ayeuna suasana di basisir kulon, Lur! Kaayaan nu luar biasa keueungna.
    Sagédéngeun éta aya nu ahéng deuih dina jelegurna tsunami Bantén téh!

    Aya misteri nu kudu disasar dilenyepan, kitu ceuk maranéhna. Basisir nu ngembat ti Anyar di béh wétan tepi ka Ujungkulon téh kabéhanana ogé nampeu, deukeut paeunteung-eunteung jeung Gunung Rakata, nu ayeuna keur aktif erupsi nyemburkeun lebu vulkanik sarta kamari nimbulkeun tsunami di Supitan Sunda. Hartina, kuduna mah sakumna wewengkon di basisir kulon kudu ancur ditarajang tsunami. Naha ari ieu bet dituncalan, henteu rata kabéh kaléléd tsunami?

    Geura urang tataan, wewengkon basisir nu ngembat ti beulah wétan téh; Anyar (lain Anyer!), Karangbolong, Carita, Labuan, Panimbang, Ciseukeut, Citeureup, Tanjung Lisung, Kalapa Konéng, Camara, Sumur, Cigorondong, Cikawung, Tamanjaya, jeung Ujungkulon. Nu parna ditarajang tsunami ukur sawatara tempat baé, nyaéta Anyar, Carita, Tanjung Lisung, jeung Sumur. Naon sababna éta basisir henteu kabéh diamuk tsunami? Naha pédah wangun géografis atawa tékstur basisirna anu béda? Kitu ceuk para pengamat mah. Tapi “Lain!” ceuk Ka Juhdi urang Camara.

    “Ieu mah sidik dipilihan. Musibat anu ngahaja ditibankeun ku Gusti ka éta tempat!”

    Beuh dak! Kira-kira saminggu saméméh tsunami, éta kaayaan téh horéng geus katoong ku para ulama jeung kiyai nu harita ngariung gempungan di Sogé, Panimbang. "Bakal aya kajadian rongkah, bakal aya musibat nu tumiba, tapi Alloh milihan!" ceuk salah saurang kiyai nu milu ngariung.

    Naon mungguhna éta opat patempatan keur urang basisir kulon? Heup, urang tunda heula Lur, ngarah panasaran. Urang téang deui Nyi Munigar, siluman basisir kulon nu ngageugeuh Tanjung téa, nu tangtu asa dikaniaya sanggeus tempatna dibukbak, diruksak digunasika.

    Taun 1994 basa Paguyuban Pasundan ngayakeun saémbara ngarang carpon, kuring nulis carpon “Halimun di Suku Gunung” nu sarua maké latar patempatan Tanjung jeung mitos Nyi Munigar kawas carpon “Bumi Tanjung” nu geus dicaritakeun. Ieu carpon kaparengkeun jadi pinunjul kahiji dina éta saémbara. Carpon “Bumi Tanjung” jeung “Halimun di Suku Gunung” duanana dimuat dina buku kumpulan carpon Oknum (Geger Sunten, 1998).

    Henteu ukur semet dinya, carpon nu disebut pandeuri mah malah tuluy ngarekahan, dipanjangan jadi novel Saéni basa majalah Manglé ngayakeun saémbara ngarang novel taun 2000. Ieu novel ogé kaparengkeun jadi pinunjul kahiji (babarengan jeung novel séjénna; Déng karya Godi Suwarna jeung Ujay Kodok karya Tatang Sumarsono). Pinunjul ahéng. Ongkoh kahiji tapi aya tiluan, pan matak anéh lin?

    Nya harita basa nulis novel Saéni kuring beuki daria ‘néangan’ Nyi Munigar téh. Pangpangna kajurung ku hayang nuliskeun naon-naon nu ahéng di Banten, nu can diangkat saméméhna dina sastra Sunda.

    Kitu kira-kira rasa agul harita. Nya tuluy baé kukurilingan, nepungan kolot-kolot di basisir kulon anu katimbang apaleun kana dongéng Nyi Munigar. Ngalaman kudu ngaprak mapay-mapay lembur saparat basisir kulon. Cacahan jeung para pamayang, urang Sunda jeung urang Bugis nu bubuara di Cibinua, Tamanjaya. Milu nguseup di luhur bagang. Atawa ngajentul sisi basisir mangsa bulan keur ngempur luhureun sagara, nunggu-nunggu (najan bari tingsariak bulu punduk) sugan kawénéhan bisa nénjo kapal kancana Nyi Munigar nu cenah sok ngagebur di tengah laut.

    Teu kungsi tepi ka kawénéhan, tapi asa geus bisa nénjo dikieuna. Langgéorna jeung rurupaanana. “Geulis Nyi Munigar mah, seungit ngadalingding kawas kembang kamuning”, ceuk Ki Sapri dukun di Tanjung.

    Enya seungit ngadalingding. Seungit lain wawangi dina harti harfiah, tapi ieu tokoh mitos nu hirup dina pikiran urang basisir kulon téh kawas angin ngahiliwir mawa katingtriman. Dina implengan kuring, Nyi Munigar téh lain siluman angker nu nimbulkeun pikiran horor, tapi jadi perlambang kasaimbangan antara manusa jeung alam sabeudeureunana. Jadi tali pameungkeut antara urang basisir kulon jeung tradisi kagalibanana. Ieu di antarana anu hayang diasongkeun ku kuring dina novel Saéni. Harmonisna hubungan manusa jeung alam, kaasup alam kapercayaanana.

    Sabada sagala rupana barobah, sanggeus leuweung Tanjung dibukbak dijieun tempat wisata, sanggeus tanah basisir dikapling dijarualan ka deungeun-deungeun, aya nu rungkad dina kahirupan urang basisir kulon. Ngaleungitna naon-naon anu tadina deukeut layeut, jadi babanda jeung mata holang kahirupan maranéhna. Wisata nu ngajelegur di basisir kulon, lain ukur katémbong fisikna, henteu ukur nyosok ngaléléd tanah atawa pilemburan, tapi aya nu leuwih parna neumbagna ti éta.

    Pangaruh nu sipatna demit, laun-laun ngawarnaan pikiran jeung pola hirup maranéhna. Opat tempat nu tadi disebut pangparnana ditarajang tsunami (Anyar, Carita, Tanjung Lisung jeung Sumur) keur urang basisir kulon mah geus teu bireuk deui. Tempat ma’siat disarebutna ogé. Puguh deui Anyar jeung Carita nu geus leuwih tiheula kasohor. Tanjung Lisung, tempat wisata nu dilingkung ku lembur-lembur, ku masarakat nu masih kénéh alamiah tatanan hirupna – jadi tempat ‘asing’ keur maranéhna. Kamari upamana, saméméh ngajelegur tsunami, Tanjung Lisung pinuh ku tatamu ti mana-mendi nu ngadon arulin liburan.

    Saban poé urang Kamuning, Cipanon jeung Kalicaah (lembur nu dareukeut ka Tanjung) cenah tingbalieus miceun beungeut barang nénjo awéwé nu arulin di basisir barulucun ukur maraké cawet jeung kutang – geus kawas di Pantai Sanur atawa Kuta! Keur maranéhna mah ieu téh karasa neunggar kana mamarasna. Lain baé pédah teu biasa nénjona, tapi nu kitu téh dipahing pisan ku adat kabiasaan maranéhna jeung agama Islam nu jadi cecekalan hirupna.

    Ari di Sumur, nu mahabu téh pangaruh ti Pulo Umang. Ieu pulo deukeut pisan, ukur raratusan méter anggangna ti basisir Sumur. Pulo Umang ti barang jadi tempat wisata dina taun 90-an pada ngadeugdeug ku urang Jakarta jeung kota-kota séjén nu ngaradon… maén (judi). Jadi tempat judi nu ékslusif di basisir kulon, méh kawas di Macao atawa Marina Bay baé (sababaraha poé saméméh tsunami villa-villa di Pulo Umang ludes kaduruk). Urang Sumur teu walakaya. Lain ukur teu bisa nyegah, tapi aya nu leuwih keueung, para pamudana laun-laun kapangaruhan, jadi resep maraén jeung marabok. Malah tuluy jadi kacapangan Sumur pamabokan! Meujeuhna, ceuk urang basisir kulon, éta opat patempatan ditarajang tsunami, ditibanan dodoja ku Gusti.

    Taun katukang, nalika kaparengkeun ulin ka Tanjung Lisung, ngéndong di cottage nu agréng tur hargana tepi ka 10 juta sapeuting, nu pangheulana ngalangkang dina ingetan téh Nyi Munigar. Rus-ras sumoréang pipikiran. Inget ka urang Tanjung nu diusir, para pamayang nu leungiteun laut, jeung raketna maranéhna jeung éta siluman nu tugur ngariksa basisir kulon....

    ***


    TANJUNG LISUNG

    Hujan di Tanjung Lisung, henteu ngucur
    maseuhan kikisik, budah laut, atawa daun babakoan
    nu alum tarungkul. Gebrétna bahé sapanjang gurat
    katineung nu rangsak paregat. Sora ombak
    tangara kasono nu tingjelegur, peupeus dina dada
    jeung batu-batu karang.

    Inget kénéh kana rambut salira nu ngariabkeun
    daun kalapa di basisir jeung areuy hoé
    di leuweung larangan. Ku hayang nyusul tapak
    salira hiji-hiji, tapi ombak geus mupus sakabéhna
    dina saban siki kikisik, jalan-jalan leucir
    jeung imah batu nu alagréng.

    Munigar, awéwé purba nu mentangkeun layung
    di basisir kulon. Iraha bisa nyeuseup deui
    wawangi salira dina haseup menyan jeung du’a
    para pamayang. Hujan nu juuh isuk-isuk
    rerencepan ngagambar bangkarak haté salira
    dina kikisik laut nu baseuh.

    2017


    Sumber tulisan: Hadi AKS (28/12/2018)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi