• Hong!

    Dongéng Geber-Geber Hihid Aing

    Jaman baheula aya dua budak -adi lanceuk- geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun. Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.

    Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mitesmiteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.

    Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasupasupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

    Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:

    "Kang tulungan, Kang tulungan,
    aya nu gagarayaman,
    kana suku jeung ngégélan!"


    Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:

    "Usap baé Nyai, meureun sireum!"

    Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:

    "Kang tulungan, Kang tulungan,
    aya nu gagarayaman,
    kana suku jeung ngégélan!"


    Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:

    "Usap baé Nyai, meureun sireum!"

    Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:

    "Kang tulungan, Kang tulungan
    aya nu gagarayaman,
    kana suku jeung ngégélan!"


    Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:

    "Usap baé Nyai, meureun sireum!"

    Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:

    "Kang tulungan, Kang tulungan,
    aya nu gagarayaman, kana..."


    Lanceukna turun, pohara kagéteunana, lantaran adina euweuh dina tempatna. Eurih urut diuk adina busik. Nu barusik téh ngabulungbung manjang, ku lanceukna tuluy dipapay. Dina tungtungna nu busik téa, katingal ku manéhna, oray sanca sagedé gulungan kasur…nangkarak beungkang paéh, beuteungna bungkiang. Sigana paéh kamerekaan.

    Keur kitu kadéngé ku éta budak lalaki, sora manuk di luhur kiara,  

    "Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih. Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih!"

    Ti dinya lanceukna téh niruk pucuk eurih nu garing, nu seukeut, tuluy beuteung oray téh diturih. Ana boréngkal téh adina, hirup teu sakara-kara. Regeyeng nu lalaki manggul beungkeutan pangpung, ngiringkeun adina, baralik bari ngadalaharan buah loa anu arasak.

    Dua taun ti harita...

    Dina musim katiga, cai walungan tiba ngérélék. Hiji mangsa ménak-ménak ti dayeuh ngersakeun munday di Leuwi Sipatahunan. Dina waktuna, barudak pahatu ogé milu tarurun ka leuwi. Mimitina mah nu lalaki nyairan beunteur jeung hurang nu marabok, adina nu ngundangan. Lila-lia budak lalaki téh kabitaeun ku palika nu teuleum mareunang lauk galedé. Manéhna milu teuleum.

    Enya baé, manéhna ogé meunang nilem. Sumangetna beuki gedé, tuluy teuleum ka nu jero. Tapi aya sajamna manéhna teu mumbul-mumbul. Adina jejeritan ménta tulung. Teu lila hiji palika mumbul bari nangkeup Si Ujang pahatu geus maot. Adina ceurik auk-aukan, akang-akangan.

    Ku palika duaan, mayit téh dianteurkeun ka imahna, digolérkeun dina babaléan, diruruban ku samak butut. Cék salah saurang nu nganteurkeun, "Dikuburna mah isukan. Ayeuna mah kapalang, kami keur munday," tuluy maranéhna ka leuwi deui.

    Budak awéwé ingeteun kana omongan indungan basa rék maot. Kieu, “Ieu jimat ti karuhun, simpen sugan aya maunatna.”

    Nu disebut jimat téh mangrupa hihid. Ku budak awéwé harita dicokot, tuluy dipaké ngageberan mayit lanceukna bari ngawih, kieu:

    "Geber-geber hihid aing,
    hihid aing kabuyutan,
    warisan ti nini aki,
    pangusir bibit kasakit
    panawa anu cilaka.
    "

    Anéh mayit téh ngerenyed.

    Ngawih kadua kali:
    Geber-geber hihid aing,
    hihid aing kabuyutan,
    warisan ti nini aki,
    pangusir bibit kasakit
    panawa anu cilaka.


    Mayit téh beunta, panonna gular-giler.

    Ngawih katilu kali:
    Geber-geber hihid aing,
    hihid aing kabuyutan,
    warisan ti nini aki,
    pangusir bibit kasakit,
    panawa anu cilaka.


    Juringkang lanceukna hudang, waluya teu sakara-kara.

    Kacaritakeun raja di éta nagara kagungan putra hiji-hijina pameget, nunggal. Éta putra ku ibu ramana pohara didama-damana. Keur kasép jeung calakan téh, handap asor jeung hadé basa deuih. Hiji mangsa éta kakasih ibu ramana téh teu damang wales. Dukun lepus dikelun, paraji sakti dikerid; tapi saurang ogé boh jampéna boh ubarna taya nu mental. Nu teu damang dengdeng baé, malah wuwuh répot. Cindekna, dukun lepus ilang lepusna; paraji sakti leungit saktina.

    Nu nyoba ngalandongan munggah ka ngantay. Tapi teu aya nu hasil. Kangjeng Raja jeung praméswari siang wengi teu tebih ti pajuaran nu teu damang. Pamaréntahan mah kumaha Patih baé.

    Di imah barudak pahatu. Nu lalaki ka adina nyaritakeun putra Raja nu teu damang wales, teu aya nu bisa ngalandongan, "Kumaha upami Nyai nyobaan ngageberan ku hihid jimat?"

    "Asal diidinan asup ka karaton," témbalna.

    Lanceukna ngadeuheus ka Juragan Patih, neda widi yén adina badé nyobi ngalandongan nu teu damang.

    "Saha baé boh kolot boh ngora, boh lalaki boh awéwé, meunang nyobaan. Ngantay baé!"

    Isukna dianteur ku lanceukna, Si Nyai milu ngantay ngalandongan. Gancangna bagéan Si Nyai asup. Kusiwel tina jero bajuna, Si Nyai ngaluarkeun hihid jimatna, tuluy ngageberan nu teu damang bari ngawih:

    "Geber-geber hihid aing,
    hihid aing kabuyutan,
    warisan ti nini aki,
    pangusir bibit kasakit,
    panawa anu cilaka."


    Nu teu damang, anu tadina peureum baé téh bray beunta.

    Ngawih kadua kali:

    "Geber-geber hihid aing,
    hihid aing kabuyutan,
    warisan ti nini aki,
    pangusir bibit kasakit,
    panawa anu cilaka."


    Nu teu damang socana gular-giler, rurat-rérét ka ibu ramana, nyéh imut.

    Ngawih katilu kalina:

    "Geber-geber hihid aing,
    hihid aing kabuyutan,
    warisan ti nini aki,
    pangusir bibit kasakit,
    panawa anu cilaka."


    Juringkang nu teu damang téh gugah. Sang Raja ngarangkul putrana. Ari praméswari ngarangkul Si Nyai, digaléntor diciuman. Boh Sang Raja boh Praméswari rarambay socana. Cisoca kabingah.

    Ti harita Si Nyai teu meunang balik deui, kudu tetep di karaton, diasih pisan ku Praméswari jeung ku Sang Raja. Beuki lila beuki geulis, beuki apal tata-titi kaménakan.

    Barang Pangéran jeung Si Nyai pada sawawa, tuluy ku Sang Raja ditikahkeun. Péstana ramé pisan. Lanceuk Si Nyai diangkat jadi mantri.

    Tamat.


    Tina Utara Utari karya Ki Umbara

    Sumber: aslisunda.wordpress.com

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi