• Hong!

    Kembang Mata

    Ara, kelas XI IPA 1. Geulis, jangkung leutik, halimpu, lungguh. Tapi, dina prakna kudu tandang mah sok matak cangcaya. Capétang tur perténtang. Cocog naker jadi béntang SMA-na. Paskibra aktip, band ongkoh, tapi prestasi belajar oké, taekwondo milu deuih.

    Karesepna, lagu-lagu kiwari nu keur meujeuhna hits, lamun tampil di pentas. Sorana matak tibelat. Ara mémang wawakil generasi milénial. Modéren, kekinian. Fans-na ngarunggunuk di saban kelas. Teu kaitung nu geus nganyatakeun cinta téh. Kabéh ukur ngégél curuk.

    Tapi, jam istirahat harita mah Ara siga nu asa-asa rék kaluar ti kelas. Sobatna, Nita, ngaléng leungeunna, ngajak kaluar. Biasana, lamun waktu istirahat téh Ara jeung Nita jajan di kantin langganan.

    "Ara, hayu ih, lapaaar aku mah...!" géréwék Nita. Eusi kelas geus méh kosong. Nita mésem, "Kamu téh sieun ketemu Bagas, nyaaa?"

    Ara manyun, beuki katara lucu pikagemeseun. "Da kamu gara-garana, Nit, maké jeung bilang salam balik sagala, ih. Sebel!"

    Nita nyikikik. Surti, apal pangadatan. Bagas geus saminggu ieu méh saban wayah titip salam ka Nita, nu kaitung aya kénéh bau-bau kulawarga.

    Kakara gé dua léngkah kaluar ti panto kelas, "Ra!" pok nu ngagentraan. Nita ngarérét ka Ara nu langsung pias.

    Ara teu nyoara sakecap-kecap acan basa nampa buku 'Lalakon Awon' ti Bagas, lanceuk kelasna nu pajar Nita titip salam. Bagas téh nyaan kasép, tapi judes luar biasa, ceuk pangrasa Ara. Anyaran ieu, kungsi debat di rapat OSIS gara-gara konsép acara pentas. Bagas teu satuju waktu keur parade band panjang teuing. Ara ngadebat sengit, protes keras. Bagas harita ukur olohok.

    Aya kertas nyelap dina buku anu dibikeun téa. Aya natrat tulisan ku mangsi hideung. Unina, "Ara, kembang mata Ka Bagas, pentas seni Sunda téh kéren. Buktiin dulu yu! Jam sabaraha uih? Cuang ningal nu latihan tari di aula. Kersa?"

    Bagas ngajengjen nungguan nu maca tulisan. Ara bangun nu kabur pangacian, teu konsén. Antukna Bagas ngarahuh, malikkeun badan laju ninggalkeun nu tungkul. Nita nyiwit Ara.

    "Jam dua, Ka…!" gorowok Ara.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi