• Hong!

    Dongéng Peucang jeung Buhaya

    Sakadang Buhaya keur moyan di sisi walungan. Jol Sakadang Peucang.

    “Rék naon Sakadang Peucang ka dieu? Rék maling cai, nya? Di leuweung euweuh cai. Da halodo banget.”

    Jawab Peucang, “Kuring mah tara nginum deui cai walungan. Komo ayeuna keur saat. Nya teu ngeunah nya kiruh. Ayeuna mah nginum téh cai kalapa. Nya beresih nya ngeunah. Amis.”

    “Rék naon atuh kadieu?” cék Buhaya.

    Omong Peucang, “Tadina mah rék ngalalajoan kulit sampéan. Resep tinggareret, hérang. Komo mun katojo ku panonpoé. Euweuh baé nu kulitna alus saperti kulit sampéan. Ngan geuning bet kotor. Pinuh ku leutak.”

    Omong Buhaya, “Walungan saat. Kuring teu bisa teuteuleuman pikeun meresihan tonggong.”

    “Emh, lebar. Kulit saalus-alus jadi kotor. Kumaha mun diberesihan ku kuring” ceuk Peucang.

    “Nya sukur baé ari daek mah,” jawab Buhaya, “kumaha carana?” ceuk Buhaya kénéh.

    “Kulit tonggong sampéan dikumbah ku kuring. Tapi caina kudu anu beresih. Tuh, di tengah!" ceuk Peucang

    “Pek atuh. Geura luncat kana tonggong kaula,” ceuk Buhaya.

    Jleng, Peucang luncat kana tonggong Buhaya. Buhaya ngojay ka tengah walungan.

    Clom, Sakadang Peucang nganclomkeun sukuna kana cai. Tonggong Buhaya dicakaran ku Peucang. Selang-selang tina cacakar Sakadang Peucang téh regot-regot nginum.

    Sanggeus rada lila nyakaranana, jeung geus seubeuheun nginumna, Peucang ngomong, ”Tah, geus beresih ayeuna mah. Yu, ka sisi deui. Isukan kuring ka dieu deui. Kudu unggal poé diberesihanana kulit sampéan téh. Ulah sina kotor. Lebar ku alusna.”

    “Heug ari daék mah. Isuk ka dieu deui. Ditungguan di dieu,” ceuk Buhaya téh.

    Sanggeus nepi ka sisi, gajleng Peucang luncat ka darat. Bari ngomong dina haténa. “Nuhun, Sakadang Buhaya. Sampéan bodo. Mun teu bodo mah kuring moal seubeuh nginum. Daék-daék paéh, paééh ku halabhab.”

    Sumber: Sanusi, A., 1994, Nani Resep Maca 3, Bandung: Yayasan Siger Tengah

    Tautan: cibanggalanet.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi