• Hong!

    Pencok Wangwangan

    Jrut tina angkot, laju mayar ka supir. Leuleus. Méh batal, puasa poéan kalima. Katambah-tambah, boga dunungan téh cunihin kagila-gila, asa kudu nakolkeun sapatu kana beungeutna. Gedig. Hayang geura nepi ka imah, nguculkeun seragam, badis baju beusi, jeung muka high heels. Poé geus reup-reupan, sakeudeung deui magrib.

    Ngumbara di lembur batur, kahayang mah ngontrak kamar, sumawonna boga imah sorangan. Tapi, indung teu méréeun, kudu milu heula di imah lanceuk, pok téh.

    Lanceuk pastina geus balik ti tempat gawéna. Ras kana péncok kacang nu diobrolkeun basa saur janari tadi. Lungsé téh asa ngurangan. "Keun engké mah bagian Tétéh nu balanja jeung masak, nya, Néng!"

    Jog, hareupeun imah. Rumpu-rampa, néangan konci dina tas. Mata mah mencrong ka nu nyampeurkeun. Reg, tatangga hareupeun imah. "Néng , katitipan saur, Tétéh mah badé buka bersama sareng rerencangan kantorna. Tadi téh ngontak hapé Enéng pareum wae, saurna." Leng.

    (fikmin kintunan ti Nufia )

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi