• Hong!

    Sakecap Asma

    "Kapungkur ogé saleresna naksir ka salira téh, Hén."
    "Ah, nu leresss? Pan nyaketan waé Ina, sanés?"
    "Teu ogé. Biasa waé ka Ina mah. Ka salira mikahoyongna mah, Hén. Sérius!"
    "Ah, dasar tukang ngarayu! Masa siiih? Héhé. Mmm, iraha nya, hoyong tiasa curhat deui sapertos di reuni SMA kamari."
    "Kangen, nyaaa?"
    "Iiih, so tau!"
    "Hayuuu, siap! Wartosan wé, iraha sareng di mana. Hén,... dikantun nya, geulis, aya kaperyogian heula. Salam wé ka Angga, nya. Mmm, teu curigaeun, kan?"
    "Wan,... Angga mah carogéna Ina...."

    #80kecap

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi