• Hong!

    Pangajak Aki

    Pasosoré. Manuk-manuk tinggeleber, marulang muru sayangna séwang-séwangan. Rarécét, dijajap humiliwir angin nu nebak dangdaunan. Tangkal sampeu aroyag na luhureun galengan. Kaliwatan. Jog. Diuk nyarandé, na saung sawah, tebéh kaléreun imah. Aya ku nimat, ngajauhan sosoraan.

    Kolébat. "Tuh, lamun dituturkeun, engké téh brasna ka Sadéwata...." Rus-ras. Galindeng soantenna Aki, ramana Bapa. Unggal nyawang galengan. Aki panggiakna ngajak, mun incuna témbong hayang milu nanjak. Nanjak téh sesebutan anjeunna mun wancina mulih. Lembur Aki mah da enya, di gunung pisan. Ti Bapa téh kaheuleutan tilu désa.

    Can pernah katedunan, milu nanjak téh. Padahal pangajak Aki kacida matak kabita. Pajar rék diajak ngaliwatan Pasir Tikukur. Enya-enya puseur karajaan tikukur, cénah. Meuntas Cimuntur. Nyorang undak-undakan mangpirang pasawahan. Satengah poéeun lalampahan téh.

    Rentang-rentang. Aki, pameunteuna marahmay, nyaketan. Ngagupayan. Bet kalah bijil lémbéréh. Nyéh. Cengkat.

    "Akiii, hih geuning di sawah? Boro ditéangan ka mamana...!" Gusti, ngagéréwék deui. Gap.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi