• Hong!

    Kaléntab Dendam Asmara

    Pasosoré. Reg. Markirkeun jipna. Bus, kana gang kuleuheu, pinuh grafiti. Ngagedig, kahuru gidir jero dada. Pada narempokeun. Rét. Nu careuleuyeu, tingbalieur. Baheula, kawanina ukur semet tungtung gang. Nganteur, samulangna sakola. Sakali-kalina tepi ka imahna, “… satéh boga naon, wani-wani bogoh ka si Ratna?” Pimitohaeun. Barangasan, urut jéger, tatona lain hiji dua. Nyeuit, ngagurat. Rumasa, kulawarga masakat.

    Bet kudu ka dinya deui. Ceu Ipah, gaganti Ema, inghak-inghakan. Cumarita, manglamarkeun anakna, dihina basa. Nyel. Kaléntab, amarahna. Jog. Gegedor. Kulutrak. Bréh. “… pajar moal kaduga ngamaskawinan, kitu? Kabeuki, huna-hina téh?” Bébéakan. Kagok kapalang. Budal. Hareupeunana, ngeleper. “Duh, hampura…, sugan téh sanés alo Ujang.”

    Torojol, awéwé duaan. Paadu teuteup jeung nu hareup. Teg. Ratna. Kuru. Geulisna konéas. Lain diboyong ka Jakarta? Tukangeunana, adi téréna, pialoeunana téa. “Jadi kumaha? Sidik papada bogoh, lin?” “Isukan… Bapa ka lanceuk Ujang. Cuang badamikeun, iraha-irahana.”

    Gap. Péstol na méja. Rap. Barétna. Amitan. Ngagandeuang. Dijajap teuteup beueus, tukangeun kaca jandéla.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi