• Hong!

    Musuh, Pokona Mah!

    Asa simpé. Boa nuju jaralan-jalan, da pasosonten? Keteyep. Neueulkeun cepil kana panto. Yakin, suwung. Nékad, ah. Ti tatadi élékésékéng, da nahan nu karaos. Gulinggasahan. Gap, gagang panto. Siap-siap. “Tring!” Reuwas. Gék deui. Ngarawél hapé. Tuh, nya, sugan téh ti… kalah ti si Borokokok deui waé BBM téh. Moal dibaca. Boseeen! Tring deui-tring deui. Eusina mah, éta-éta kénéh. “Forgive me, plisss!” cénah, dihiasan gambar emotikon nu ngawiwiw. Raja gombal! Moal dibales, masing kumaha gé. Musuuuh, pokona mah. Wios, ah. Bongan, tuda. Ras émut ka nu ngabaeudan, teu naros-naros acan, kalah nyelengkeung “émang gué pikirin?” cénah. Ah, dikitukeun téh sakiiit, tauuu! Gara-gara?

    Jung. Ngeteyep deui. Rekét, muka panto lalaunan. Clé. Lol téh, “plis, atuh laaah!” Nongtoréng. Nyel. Gebrug. Ngabantingkeun panto. Pikasebeleueueun!

    “Sora naon tatéh, Mih?” “Duh, puguh reuwas, Pih. Si Nénéng sigana mah, nutupkeun panto.” “Masya Alloooh… ari si Dédé, kalah ngaléos ka luar?” Rahuh. “Si Dédé téh ngoprék hapé tétéhna, cénah….”

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi