7. TJILAKA DOEANANA
Roesdi ngomong ka adina: “Misněm ! Oerang ngangon domba hajoe, geus beurang!”
Eta doea boedak laloempatan, paheula-heula ka kandang domba. Roesdi noe pangheulana, toeloej mukakeun pantona. Si Djaloe ditalian, toeloej ditoengtoen kaloear. Geus di loear, henteu boeroe-boeroe diangon koe Roesdi, tapi dibawa oelin heula. Ditoempakan, didepakeun djeung diotjonan. Ari koe Misněm ditarik tjeulina, dibetot boentoetna djeung dibaboekan.
Domba ngamběk, toeloej nangtoeng, gěpoek neunggar beuteung Roesdi. Hadena bae teu tarik neunggarna. Roesdi ngan oekoer laboeh djeung ceurik wawaw-wiwiw meueusan.
Tjeuk Misněm: “Oelah tjeurik ‘Oedi! Adatna lalaki mah; djeung bongan sia ongkoh, naha atoeh si Djaloe diheureujan?”
Dombana loempat ka saoeng lisoeng. Toeloej diaroedag.
“Keun bae, Roesdi, entong dioedag, da toeloej ka kěbon geuning! Oerang noetoe bae ajeuna mah, keur parab hajam,” tjeuk Misněm.
“Wah! Moal ěnja sia bisa noetoe, apan beurat haloena!”
“Pirakoe teu bisa noetoe mah, apan aing teh awewe, geura tendjokeun!” Si Misněm toeloej njokot haloe leutik. Gědoeg! Gědoeg! Gědoeg! Si Misněm noetoe.
“Edas! Ĕnja bae sia geus bisa noetoe.”
Si Misněm atoheun nakěr dipoeji teh, njěkělna haloe lalawora, bari loeak-lieuk. Haloena kalesotan, gědak ninggang tarangna pisan. Si Misněm tjeurik aloek-aloekan. Roesdi gěgěroan: “Toeloeng! Toeloeng! Toeloeng! Si Misněm paeh, katinggang haloe!”
Kolotna karageteun, laloempatan njampeurkeun. Si Misněm ngadjongkeng, tarangna bantjoenoer. Koe indoengna dipangkoe ka imah, toeloej dioebaran Koe beas djeung tjikoer.
“Wah, si Misněm, kitoe-kitoe bae tjeurik; geuning aing tadi ditoebroek domba teu tjeurik,” tjeuk Roesdi.
“Na’ iraha sia ditoebroek domba?” tjeuk pamanna.
“Kapan tadi, ‘mang! Basa keur diangon.”
“Adatna ari barudak balangor mah sok tjilaka,” tembal pamanna.
8. TUKANG GAMBAR
Sabada isa indoeng bapa Roesdi djeung pamanna ngawarangkong di tengah imah. Ari noe dicaritakeun taja lian, ngan kabangoran Roesdi djeung Misněm. Eta doea boedak ngan hahah-heheh bae seuseurian. Si Roesdi gagambaran koe apu dina panto. Ari si Misněm milang doedoeitan siki asěm toekangeun indoengna.
Kira-kira poekoel salapan baroedak teh laloempatan ka ěnggon, toeloej harees. Gagambaran Roesdi dina panto katendjo koe pamanna.
“Aeh-aeh si Roesdi teh koetan bisa ngagambar! Naha sok laladjo wajang? Geuning itoe geus bisa ngagambar wajang!”
Tembal bapa Roesdi: “Kapan kamari koe akang tas di bawa ti noe kariaan, ari di dinja nanggap wajang.”
“Paingan atoeh ari kitoe mah,” tjeuk pamanna Roesdi.
“Rasa koering ieu boedak pipintěreun, da tapakna geus tembong. Geura sakolakeun bae atoeh, kang!”
“Har, kapan ěnggeus dibawa ka sakola desa, tapi saoer Goeroe, atjan tjoekoep oemoerna, koedoe ěngke taoen hareup,” tembal ‘Pa Roesdi.
Neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng, neng !
“Euleuh! geuning geus peuting; Hajoe oerang marondok, bisi isoek kabeurangan ka sawah.”
Indoeng Roesdi toeloej merenkeun oeroetna ngaropi. Sanggeus kitoe, toeloej doeg sarare, talibra pisan. Harita di imah djěmpling tiiseun, kawas gaang katintjak bae. Noe kadenge sora beurit tingtjaroeit, tingkoeroetak, nareangan kahakanan.
("Roesdi Djeung Misnem" nyaéta karangan A.C. Deenik dan R. Djajadiredja, anu medal taun 1913. Seratan di luhur mangrupi catetan Kang Akoer Lah, diropéa sakedik ku Yuska Sadéwata. Seratan sateuacanna, tiasa dibaca ti Roesdi Djeung Misnem (4-6) anu parantos diposting ti payun.)
roesdi djeung misnem
No comments:
Post a Comment