Nyérangkeun ti mumunggang mula. Wanci tumorék, sabiasana manéhna ngaronda. Nu tiluan mah tonggoy. Tinggaredig, mapay-mapay pudunan. Kukurusukan. Reg. Lebah hieum rurungkunan. Gegerendengan.
“Geus deukeut. Ati-ati, euy. Bisi aya ronda!” “Alaaah, dipaéhan ku aing!” “Satéh, kabegug ngan nigas, meuncit. Nguteuk, kéhéd! Kumaha lamun dirempug jalma sakampung?” “Maké jeung sieun? Kudu luas jeung telenges, mapadaan gorombolan mah....” “Gandéng! Montong harus teuing nyacapék téh! Meugeus, hayu. Tong poho, pilih imah pangbadagna, sugan meunang duit atawa perhiasan.”
Bring deui. Mingkin pada rancingeus. Sarua beuki sayaga. Gup-gap. Ngaranggeum pakarang séwang-séwanganana. Jog. Karebat luméngkahna. Samar-samar. Manéhna, ngabedega.
“Nuhun, Ki Tempang. Kawajiban urang, ngajagaan tapel wates Rajadésa ieu. Jagadalu moal bisa nanaon mun euweuh dia!” Nepakan, ngusapan. Gaur. Gaur. Handaruan. Nu ngadangong gigireunana. Hideung meles, hurung ngempur pamencrongna. Témbong ranggéténgna. Kupat-képot, ngaléléwé nu caralangap tan nyoara. Nu marolotot. Tilu babatang, dibuntang-banting umpal-umpalan wahangan murka.
Jep. Ukur hiliwir simpé, ngabagéakeun bulan nu dumadakan datang. Nu duaan. Tingbelesat. Lus-les.
(kénging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment