• Hong!

    Dongéng Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyét Ngala Nangka

    Wanci pecat sawed. Reg. Duaan. Tengah leuweung, handapeun iuh-iuhan. Tinggerendeng, taranggah. Bréh. Ilapat ngawujud nyata. Tangkal pangjugjugan. Térékél. Hampangeun pisan. Manéhna. Gugulayunan. Clé. Tetepak. “Pluk-pluk-pluk!” Belenyéh. Ras, papagah sobat. Gorowok. Gep. Mulintirkeun. Bret. Koléang. Blug. “Téngkiiiw, Brooo!” “Okéééh, Sooob!” Bret. Blug. Béakkeun, siah, hakan ka dinya. Gumerentesna. Gulayun, deui. Clé. “Plek-plek-plek!” Curinghak. Marahmay. Ieu, nu didama-dama. Bagéanana. Nu cadu dibagi dua. Baé, hayang mah nyusul ka dieu. Séséréngéhan.

    Gék. Merenahkeun manéh. Dekér, murak nu dina tangkeupanana. “Nyiiir, nya nyegang nya heu heunaaah!” Biwirna, leungeunna. Kaleugeut geutah, narapel cepel. Leng. Hémeng. Boa-boa, impianana salah? Rét ka handap. Olohok. Jleng. Gugurawilan. Srog.

    Nu ngabaheuhay. Beuteungna bareuh ku seubeuh. Ngabagéakeun. Mésam-mésem. Kénca-katuhueunana, urut pésta, tingsoléngkrah. Sésa nangka. Manéhna ungas-ingus. Nyeuseup seungit dumalingding. “Uya, ningan…?” Kulapés. Lémpés. “Horrr, apanan keur uing nu dipurag-puragkeun mah, lin? Kotka kagundamkeun sagala. Tah, aya kénéh, Bro!”

    Belewek. Nangka pangkareueutna sadunya. Sakikituna. “Téga, Uya…!” Sahing-hingeun. Berebet. Undur nyunyuhun pundung.

    (Di-wanda fikmin-keun ku: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi