• Hong!

    Pinanggih Hikmah Rajaban


    “… janten kitu, hadirin-hadirot… hikmah kahiji mah nétélakeun sakitu mulyana darojat manusa, lamun panceg dina kamanusaanana, lamun nyekel pageuh hakékat tugas hirupna….” Manéhna mah kalah tonggoy ngoprék hapéna. Mencét itu, mencét ieu. Macaan status facebook balad-baladna, ngalongokan nu tingcaruit dina twitterna, teu poho ngilo warta-warta panganyarna. Talatah-talatah, BBM, WA, SMS, sakabéhna dipapayan. Jalma penting. Sakapeung ngabelenyéh, sakapeung kerung. Gigireunana, rét deui-rét deui. Kuraweud. Noélan, ngisarahan. Reg, ngéléhan.

    “… komo bapa nu di payun éta mah, jalmi pinilih, da kaamanahan janten anggahota déwan….” Pung. Ngawang-ngawang. Nangtung, marahmay. Ngabelenyéh ka balaréa. Ngusapan jasna, memener dasina. Teu percumah bébéakan, Pa Ajengan. Muhun, abdi pisan. Galécok teu disada.

    “… urang teraskeun, nya, hadirin hadirot rohimakumulloh, cuang pedar kumaha riwayatna kawajiban solat téh jumlah waktuna bet janten lima….” Barabat. Ajengan sepuh, ‘na podium. Gumalindeng, tausiahna. Manéhna, dumadak daria. Unggut-unggutan. Lieuk. Noél ingkang garwa.

    “Nya, ceuk Akang gé…,” haréwosna, “pamingpin mah kudu lihéy négosiasi, deuleu….” Jekuk.

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi