• Hong!

    Biru Bodasna Cinta

    Teg. Pasti manéhna boga sarupaning réaktor nuklir jeroning awakna. Partikel-partikel éléktronna meusmeus laluncatan badis baranyay kilat. Nyeureud ngaliwatan hawa, awahing ku gedé-gedéna énérgi nu dihasilkeunana. Pasti kitu, da teu weléh karasa. Saban-saban. Ku ngambung seungitna. Ku nempo galing muntangna. Ku neuteup cureuleukna. Ku mireng gumalindengna. Ah....

    Cacak kakara kasawang rentang-rentang geuleuyeungna, geter haté mah saharita ngawirahma. Saragam biru bodasna minda rupa jadi raksukan Cinderella. Tina unggal halon kedeprukna, aya rambat-rambat galura. Radiasi éléktromagnétik katrésna ‘na lanté sakola. Ti sénti ka séntina, ti téhel ka téhelna. Mawa aweuhan ‘na dada. Dug-deg, dug-deg....

    Komo basa bieu bet pataréma, sab masrahkeun buku fisikana téa. Karasa pisan ngajedudna. Imut ngempurna. Éndah sajuta rasa! Dumadak linglung, awak rumohpoy. “Sepa pisan manéh, Céng! Gering?” Moal maliré. Gék. Api-api muka buku.

    Rohangan nyimpéan. Rét. Ngalanggéor. Paroman umyang meunang piwarang. Adeg lampanyat nu mawa tibelat. Muka catetanana. Méh ngagutrutkeun tulisanana. Pluk. Amplop kayas, wadah mangyuta-yuta rasa. Murag. Samagaha!

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi