• Hong!

    Grafis Fikmin "Do'a Nu Nyandung"


    Geus lila saenyana aya niat nyieun grafis fikmin “Do’a Nu Nyandung” téh, ngan hésé pisan ngabagi waktuna. Enya, alesan tatéh, lah. Ieu fikmin téh karyana Ang Irman N. Dimyatie nu kapeto jadi pangmoncérna dipisuka ku nu maraca blog anjeunna. Naha? Sigana ku kaunikan eusi jeung basana, da ari ku sabab jadi jampé pamaké balaréa mah piraku.

    Karancagéan Ang Irman dina mintonkeun ieu ‘dunga’, tangtuna bakal jadi wangkongan nu panjang, tapi keur simkuring mah cekap wéh nepi ka “Ieu fikmin alus pisan mun digrafiskeun, sigana….” Mimiti wéh dadahut, mulungan gambar nu sakira-kira eunceup jadi papaés grafisna. Hasilna, aya dua pasang leungeun nu keur poseu ngadunga, aya kalangkang (siluét) jalma ngabring limaan, teu poho tulisanana bari kudu diropéa, da Ang Irman hilapeun can nganggé é curek.

    Asana mah Ang Irman pernah ngawartosan, surna, “Karya nu alus téh di antarana nu nyieun kontrovérsi!” Boa ieu salah sahiji kasang tukang gumelarna fikmin “Do’a Nu Nyandung”. Maca fikmin ieu, pamaca diajak mikir, naha alus atawa goréng ieu dunga, naha kudu di-amin-keun atawa ulah, jeung sajabana. Jalma nu wijaksana mah sigana bakal ukur nyéréngéh wéh satutasna maca. Tapi duka naon harti ari séréngéhna mah. Nyanggakeun!

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi