• Hong!

    Grafis Fikmin "Basa Lambey Urang Paantel"


    Lian ti bungah téh, sab disungkeun midamel grafis ku Ang Mulyana SA, fikminer sénior di grup fésbuk Fiksimini Basa Sunda, aya deuih émbohanana. Aya rasa nu hésé kagambarna, nyaéta basa maca kecap-kecap ti anjeunna. Cénah, fikmin “Basa Lambey Urang Paantel” téh fikmin munggaran anjeunna nu dileler ‘Béntang Petingan’ di mandara fikminsunda.com.

    Ras ka diri sorangan, boa ogé kaalaman ku para fikminer nu aub di Fbs, ngudag béntang petingan téh éstuning asa miara bisul nu teu asak-asak. Weléh digulanggapér, saban fikmin nu rék diapungkeun, dikitukeun dikieukeun, sugan rada alus meumeueusan, tapi angger wéh... béntangna mah lapur, teu kabandang waé. Prosés, prosés, prosééés! Kitu cénah palakiahna. Tapi da angger wéh... karasana téh bet teu kahontal baé. Jawabanana, béhna mah geuning aya dina leukeun jeung teuneung.

    Aya sababaraha simbul nu dibebeskeun dina grafis fikmin Ang Mul nu ieu. Boa ngepas boa henteu. Ah, keun waé. Pokona mah nyanggakeun wéh. Sugan jeung sugan kapeunteun rada lumayan, da kana alus mah geus kabadé, can siga-siga acan. Dina ayana waé nu mikaresep, nya Alhamdulillah. Udagan utamana mah, apanan ilu eueutikan dina ngawanohkeun deui Basa Sunda, ngaliwatan wanda nu pajar pangmutahirna, 'fikmin Sunda'. Cag!

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi