• Hong!

    Polri: Pelaku nu Ngebom Bunuh Diri di Makassar téh Salaki-pamajikan


    Kepala Divisi Humas Polri Irjen Pol Argo Yuwono nétélakeun yén pelaku anu ngebom bunuh diri di buruan Gereja Katedral Makassar, Sulawesi Selatan, poé Minggu (28/3/2021) kamari, nyaéta salaki jeung pamajikanna, nu kakara anyar kénéh rarabina.

    "Pelakuna pasangan salaki-pamajikan, kakara rarabi genep bulan," ceuk Argo ka para wartawan, Senén (29/3/2021).

    Manéhna nyebutkeun, identitas pelaku nu lalaki nyaéta L, sedengkeun anu awéwé mah YSF, nu sapopoéna pegawé swasta.

    Dua pelaku téh bagian tina Jamaah Ansharut Daulah (JAD) nu pernah ngalaksanakeun aksi saperti kieu di Katedral Our Lady of Mount Carmel, Pulau Jolo, Filipina Selatan.

    "Pelaku boga afiliasi jeung JAD," cék Agro. Manéhna ogé nyebutkeun yén panalungtikan masih terus dilaksanakeun. Aya sababaraha tempat anu digaladah petugas pikeun néangan bukti-bukti, kaasup di imah pelaku.

    "Urang tungguan waé hasil gawé anggota di lapangan. Muga-muga bisa kaungkab kalawan jéntré sakabéhna,” pokna.

    Korban nu tatu alatan bom bunuh diri, anu masih dirawat di rumah sakit, jumlahna 15 urang.

    “Tina 19 korban anu tatu, kiwari tinggal 15 urang. Opat anu lianna mah geus diidinan mulang, kari rawat jalan,” pok Argo.

    Bom bunuh diri ngajelegur di hareupeun gerbang Katedral Makassar dina wanci isuk-isuk poé Minggu (28/3/2021). Dua pelakuna nemasing pati. Lian ti éta, puluhan jelema tatu dina palebah beungeut, beuheung, leungeun jeung sukuna, alatan kajadian ieu.

    Sumber: KOMPAS.com
    Link: http://bit.ly/Warsun010
    Alihbahasa: @wartossunda

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi