• Hong!

    Sabada Nampa Lalakon Awon


    “Yah, ada Pa Sékuriti…,” ceuk pun anak nu panengah, bari nyampeurkeun ka méja kerja. Gidig, kuring nyampeurkeun ka hareup. Enya wé geuning, Mas Parjiono, keur nungguan deukeut lawang bari nyéréngéh seuri. Bageur, Mas Sekuriti nu asa kakara kamari oléng pangantenanana téh. Pakét ditampa.

    Amplop coklat nu alamat tujuan jeung pangirimna ditulis tangan. Alah, geuning kiriman nu dianti-anti téa. Cihuy! Haté sumorak nandang kabungah nu luar biasa, nu pajar ceuk sakaol mah lir kagunturan madu karagragan menyan bodas satolombong téa. Ngan henteu wéh, ari ajrag-ajragan di tengah jalan mah.

    Basa Éyang Perbu Godi Suwarna ngapungkeun fikminna, nu dijudulan ‘JANG ODIN & TALI AGNI’, anjeunna dumadak ngagelar sasaémbaraan ngomén, ilaharna sangkan para pamaca méré kamandang daria ngeunaan eusi fikmin kasebut. Hadiahna, buku LALAKON AWON, nu anyar medal. Gutrut wéh, wawanianan milu ngomén, bari rarasaan mah norolang téh ukur sakarasana , jeung sakapikirna. Sajadina wé lah, cohagna mah. Diitung maké MS Word, supaya eusina lewih ti 200 kecap, papagon ti panicia. Teu maksud didaria-dariakeun nulisna gé, da rumasa can kataékan ari kudu ngajélékéték jadi pengamat sastra mah. Komo ari kudu ‘meunteun’ karya Éyang Perbu GS mah, beuh... jajauheun pisan atuh!

    Ana tirilik téh, notifikasi fésbuk. Komén Éyang Perbu Godi nga-méntion kuring. Disusul ku aya inbox ti anjeunna. Horséééh! Percaya teu percaya, geuning kapeto jadi jawara sasaémbaraan téa. Bungah bari rumpu-rampa, ieu mah kasebutna. Enya, ngararampa katunaan diri, nu saenyana can payus nampa pangwilujeng ti maéstro pangarang Sunda. Hatur nuhun, Éyang Godi, kana kasaean salira. (Anjeunna mah, ku handap asorna, ukur nétélakeun, ‘Ieu mah éstuning da para pamaca nu masihan peunteunna.’)

    Buku LALAKON AWON nu jadi hadiahna, éstuning lain bantrak-bantrakeun. Teu salah mun aya profésor nu nyebut, “Ulah ngaku urang Sunda mun can miboga buku ieu!” téh. Saenyana, niat kuring gé geus buleud, kari pokna, rék mesen ngalangkungan Ang Toni Lesmana, distributor buku LALAKON AWON saalam dunya. Dasar geus milik, kersaning kanyaah Gusti, buku téh kapimilik lain ukur ngan haratis, tapi jadi hadiah saémbara. Bungah ku hiji ku dua.

    Kumaha eusina, ieu buku téh? Sing percanten, moal rugel mun salira ngagaleuh bukuna. Hargana bakal karasa murah mun nengetan ajén inajén dina eusina. Maca panganteurna waé, ti Kang Nunu Nazarudin Azhar, geus matak ngalageday manah. Reueus miboga bukuna, ciyus sarébu persen! Maca fikminna, kakara tilu jejer gé dumadak uteuk kuring wareg. Nyaah mun diteruskeun téh, bisi ilang nimatna.

    Sajudul-sajudul, nimat nyeuseup rasa basa jeung wangwangan dina ungkara-ungkarana. Hésé ngagambarkeunana, kudu karasa ku nyalira. Sing percanten, najan nu maca pernah manggihan fikmin-fikmin karya GS nu aya dina buku ieu, basa ngapung di lapak Fbs dina mangsana baheula, tapi maca deui dina buku LALAKON AWON mah bakal karasa bédana.

    Beuleugeunjeur bukuna kumaha? Kaver jeung eusina, ti kaca ka kaca séjénna, éstuning meunang ngagarap super daria. Grafis nan cantik, adumanis jeung fikmin-fikmin petingan. Mun teu matak apung-apungan rasa pamaca téh, sigana memang tibalik macana atawa poho teu dikacamata. Di kaca 5, aya fikmin nu dipidangkeun mangrupa puteran aksara, éntép-éntépan beuki museur ka tengah-tengah kaca. Bayangkeun wé siga pola garis buleudan jang ngahipnotis téa. Kamonésan ieu, najan meureun rada nyusahkeun keur sawaréh nu maca, tapi kudu meunang aprésiasi sagedé-gedéna. Geus wancina tuda, buku-buku basa Sunda tandang pinuh wibawa, daria, bari jeung teu éléh kasep-geulisna ku buku-buku lianna.

    Cag heula, nya. Pamaksudan kuring mah da sajatina sina panasaran kabéh nu can miboga buku LALAKON AWON éta. Tapi, lamun kapapanjangan, bisi témbong teuing rada langlang-linglingna sabada maca bukuna. Siga basa keur galaman puber katujuhwelas téa. Ka nu teu acan pesen, mangga énggal geura pesen bukuna ayeuna. Rékomendid pisan pokona mah. Rugel téh sanes lamun ngaraos ical artos ku mayarna, tapi rugel mah mun kapoosan teu kabagéan édisi pangawalna. Cag!

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi