• Hong!

    Ngélmu Salamet

    Peuting rumeueuk, nyakséni dua jalma cetuk dawuk, tepung di wates kampung. Nu hiji pepedengkreng. Hohoak, pupurelengan. Napsuna ngaberung, nyambat sérépét gegaman. “Éling, lur, éling…!” Heumbatna ngajorélat, sajeungkal deui mawa sirah sapat.

    Kolébat. Pasosoré di Pasantrén Jélat. Dua sémah ngora témbong daria. “Urang mah mending ngélmu salamet waé, lah. Sakira rék panggih musuh, petakeun jurus léngkah sarébu. Nyingkah. Iwal kapaksa….“ Marwi jeung Juha unggut-unggutan. “Geus buleud patékadan téh?” talék Mama. Arunggeuk.

    Pasaratanana, kacida béda jeung mahar basa nyiar kawedukan ka Aki Badra di Pasirwaja. Opat puluh poé puasa, wiridna sapoé lima salawasna. Dumadak, teu sapamadegan. Kari-kari teu pinton sajurus-jurus acan, komo ngampulna keplas kadékan. Juha mulang.

    Sarat pamukana, giribig manggulung-gulung. Pibilikeun padumukan Mama, diseuseuh tujuh balénan. “Loba ucrat-acrét leuleueur bangus di panyieunanana,” cék Mama. Marwi uleng. “Ngawirid téh rék kumaha diijabahna, Jang, mun pabalatak hahalang keur malaékat datang?”

    Pluk. Bedog murag. Juha ngagubrag, gegerungan. Ampun-ampunan. Haseup hideung kaluar tina awakna.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi