• Hong!

    Paku

    Moal ngarahuh, cadu ngarasula. Keur meujeuh teleb titeuleum di satengahing sagara sukur. Genah, napakur di dieu. Patempatan maneuh. Buni. Panggih sabada mubus rerencepan tengah peuting kamari. Ngahaja. Kiwari, na jero ieu kikisik, ati ngulisik. Ngudar pananya. "Bakal lana?" Jawabanana, unggal-unggal, kapentrang puncereng srangéngé beurang.

    Gigir lulurung nu gogoakan. Kapanasan, kalindesan. Dipirig gumuruh wirahma roda-roda kumelendang, nu nganteur néang harepan séwang-séwang. Kuring, ngedengkeun tohaga. Sadrah. Tumarima, raga dipapaés karaha. Mapag titiwanci ngagejligna nu sasab luméngkah. Belesek. Ceb. Lampah ti poék pindah ka poék.

    Tapakur ébat ku burisat caang datang. Awak ngagubrag, ninggang koropak. Nepungan nu araya. Geus rempeg. Pasamoan kabéh nu hémpak. Pada-pada miboga karaha, sarua ahli tumarima. Reueus jadi jalan pakasaban. Gumerendeng, muji Nu Agung. Mangsa mapag golosor anu dianti. "Sabarahaeun kanggé nambalna, Mang?"
    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi