• Hong!

    Nu Nyimpang Sakolébatan

    “Naha, Kang? Naha...?” pokna. Dumareuda. Ngudar pananya nu lila kasidem mangsa, keur lalaki kuru hareupeunana. Neuteup seukeut, binarung paroman can rerep tina aworna bungah jeung reuwas. Jep. Sémah angger neuleuman simpé. Nyawang kulawuna méga-méga, di langit rumeueuk nu nyakséni lawung sabada réwuan balébat liwat. Rumahuh. Ngalumpatkeun teu kedalna séwu sangsara. Rindatna jauh ti tumaninah. Rurat-rérét. Témbong mingkin guligah.

    “Itu, budak téh, Nin?” Meuraykeun kandeg wangkongan. Diwalon unggeuk jeung juuh cimata. Sémah imut, nyamunikeun nu kakeueum dina hihideung panonna. Ti tepas, milu nyérangkeun budak kumincir nu keur meujeuh lulucuna. Geulis. Nagog dadagangan, deukeut kekembangan. Nyorangan.

    Rus-ras kana reureujeungan nu bihari kapaksa pegat, nalangsana beuki ngagalaksak. Nigas mamaras. Nyeuit kasadrahanana. Tapi inghakna ébat, kagareuwah ku nu rentang-rentang nanjak. Rurusuhan. Muru imah nenggang keur tiluan. Ngajéngkat, muru budak. Dipangku, diusap. Dibawa mapag jalma haat nu nepina humégak. Waktuna, nepungkeun sémah. Jog. Hariweusweus. “Mah..., taya sasaha ka dieu? Seueur pulisi di lebak...!” Gebeg. Lieuk.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi