• Hong!

    Neuleuman Ajén Fikmin Ghuroba


    Ilaharna, nu kapendak ku simuing, carita-carita fiksi téh ngagambarkeun kumaha kajadianana, lamun bangsa deungeun ti nagri halimunan, mantuan bangsa manusa nu kakeunaan karerepet. Nu pangpopulerna mah Dongéng Aladdin téa. Tah, dina fikmin ieu, Eyang Prebu Godi Suwarna ngajungkirbalikkeun éta kailaharan. Lain manusa nu dibantu ku bangsa lelembut, tapi sabalikna. Garis badagna: manusa téh mahluk nu pangsampurnana.

    Ieu fikmin, ceuk simuing, nyerep pasipatan jeung jiwa meletékna srangéngé ajaran Sang Pembaharu. Tokoh nu miboga pangaruh panggedéna keur alam dunya, ti antara 100 tokoh séjén nu dipilih ku astrofisikawan Michael J. Hart. Apanan salah sahiji karakteristik ajaran téh mucunghul lir anjogna musafir ka hiji patempatan. Katara matak hélok, béda jeung balaréa anu séjénna. Disebutna téh ‘ghuroba’, cenah. Fikmin ghuroba. Basa kiwarina mah meureun, fikmin ‘anomali dari mainstream yang ada’.

    Hiji catetan penting keur simuing, yén fikmin nu alus ajénna mémang (kacida) bisa ngaéjawantahkeun eusi kitab suci. Tangtu waé dina wanda nu lemes nyelecep kana batin nu maca. Ngabeberah manah, tapi bari méré ‘enlightment’ téa. Teu kudu karasa ngawurukan, tapi eusina bisa diteuleuman jadi rupa-rupa bahan diskusikeuneun.

    Ungkara pamuka, saenyana geus méré tangara ka mana léokna ieu sekuél fikmin Jang Odin jeung Si Colat. Ngan, kapanggihna satutas nengetan sakabéh eusina. Nanceb jero, ‘Réngsé tahajud’ téh. Ungkara ngeunaan ritual solat peuting, nu dilakonan ku jalma-jalma pinilih téh geus nyeureud. Najan pondok, tapi dina prakna, hésé kacida keur ngahontalna. Nu bisa panceg ngalakonan tahajud téh, ukur jalma-jalma nu husu’, ceuk katerangan nu katéwak ku simuing mah.

    Nu matak nambah kataji, aya simbol-simbol nu matak tingtrim dina fikmin ieu. Angkara murka dilawan ku 'kunyam-kunyem' (dzikir), seuneu dilawan ku halimun (nu aya elemen cai di jerona). Teu kaliwat, aya tasbéh, nu konotatif pisan jeung inget ka Mantenna. Kagambar, tangtuna jalma nu leket tahajud jeung ahli dzikir mah moal gimir ngalayanan seuneu, nu ngagambarkeun hawa nafsu jahat iblis la’natulloh, sok sanajan datangna mangrupa eurad tohaga. Simbolik deui wae, tah. Da jeung saenyana, nafsu téh lain mangrupa benang nu gampang pegat, sabalikna mangrupa eurad nu weweg tur rapet. Ngaleugeut, hésé disingkahanana. Bulat-beulit ngaborogod saban jiwa nu katépaan hawana.

    Sakabéh simbol-simbol dina fikmin ‘JANG ODIN & TALI AGNI’ saenyana mawa balik pamaca ka titik tilik nu sajati, ku cara jeung ungkara basa nu lemes kacida. Manusa, mahluk nu pangmulyana, ukur bisa nepi kana darajat kamanusaanana, ku jalan ngadeukeutkeun dirina ka Nu Mahakawasa. Hédédna, sakabeh pangajak (basa santrina mah da’wah tea, sugan) téh dikunclungkeun kana uteuk nu maca, ku ules fikmin nu béda ti biasana. Padahal éta gaya téh geus karasa nepi ka mahabu diturutan ku para fikminer séjenna, da kapangaruhan ku guruna téa. Sakali deui, fikmin ghuroba!

    Wallahu a’lam.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi