• Hong!

    Sambel Kungkang Panineungan

    “Bener manéh, ieu téh?” Entin rada cangcaya, can rerep kareuwasna. Sabada mangtaun-taun, sobat dalitna tumorojog. Dodoy. Awak kuruna angger, najan témbong manjing sawawa. Nyeplés, percis sawangan Entin saban katoél nineung ka wanci bihari. “Enyaaa! Balad moro simeut baheula....”

    Moro simeut? Ah, enya, Si Dodoy nu éta! Rus-ras. Manéhna, Dodoy, Ikin, jeung nu séjénna. Patingberetek. Muru ka penclut pasir. Sarukabungah, bareubeunangan. Samulangna, harémpak nungguan pasakan Ema. Ngeunah, cenah. Simeut, turaés, gaang, siraru, kini-kini, jeung peupeundeuyan, sarua panasibanana. Dirieus hirup kénéh, atawa diseupan heula. Ku Bapa mah kalan-kalan sok digayem saharita. Kres!

    Nineung ka Abah Darta, bapana Ikin. Ngabirigidig, ditawaran sambel kungkang. “Boa sakulawarga manéh kasarumahan roh bangkong, nya?” pokna. Ngagakgak. Kiwari, taya deui ringkangna, ilang kateleg lumangsungna puteran mangsa. Lus-les. Marusna, siga penclut pasir nu kasilih patingperentulna paimahan.

    Kabagja masih nyésa. Ikin, salakina, geus mulang ti pagawéan. Imah mingkin haneuteun. Wangkongan sapeupeuting, mulangkeun tiluan ka mangsa-mangsa dunya pinuh ku gogonjakan.

    (kenging: Yuska Sadéwata / foto:wikipedia)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi