• Hong!

    Burieun Sérén Taun


    Fiksimini Sunda yasana: Rohaendi.

    Kula teu engeuh kana rajah ngayun Olot Dani. Kami poho kana naon cacahanna nu saréséhan. Samalah kami teu nyadar naon baé nu dibarawa na aleutan ngarak sérén taun kiwari. Ukur manéhna nu diilikan telik, dideuleu nampeu, dipencrong pogot, ditetelek béak karep.

    Manéhna nu ngiwat haté. Maling lilinggeran. Nyokot rasa nu nyoso. Nya manéhna, nu ceuk deungdeungeun mah putri mahkota, anak Abah nu béda jeung adi ogé lanceuk-lanceukna.

    Saprak aya béja pabéja-béja ti para Rendangan; "Abah deuk ngawinkeun minggu hareup!" paniatan nyakséni sérén taun jadi kaganggu. Rasa budaya ilang sapapada harita.

    Pan basa sérén taun buri, geus kedal kana kula, "Kaka mah béda ti nu lian, Enéng kataji jasa. Iraha Kaka kokono kana Abah, ménta Enéng?" Bagooor. Horéng kula ambon sorangan.

    Sérén taun kiwari, diniatan rék abus ka pamidangan Abah, lain rék ukur cacahan, tapi aya bikeuneun, nyirian putrina. Tapi... Buntar. Ali meneng dikekewek. Dikeupeul satarikna, nepi ka teu ngabuleud. Ngaguruntul deui, malikan doang pibahaneunana.

    Réngsé rajah ngayun, pas paré diakutan naék diabuskeun ka leuit, kami geuwat ilu nérékél, mawa pocongan. Di luhur, bréh... beungeut putri Abah, kadeuleu baeud na tumpukan paré.

    Lung ... Paré.
    Lung ... Ali meneng.
    Belewer rasa jeung haté kula, ilu dibalangkeun ka jero leuit. Sisimpenan keur jaga. Mugia kacokot ku jodona.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi