• Hong!

    Caréham Hayameun

    "Si Uha mah naha miluan baris téh kalah élékésékéng kitu nya, Mang?" ceuk Ahim bari nuduhkeun ka nu keur bararis di lapang upacara. Mang Éjé ngarérét. Nu ditunjuk téh enya wéh bangun hayam rék endogan. Teu bisa cicing, pasémonna kawas nu sangsara pisan, padahal upacara tujuh belasan téh can dimimitian.
    "Ah, tapi da teu bireuk si éta mah," Mang Éjé nyéréngéh, "abong tukang baranghakan taya reureuhna tuda, ceuk babasan mah caréham hayameun téa, Jang. Upacara can dimimitian gé geus galow suralow."
    "Bener ogé kétang, Mang, ditempo-tempo ku uing … asa tara aya eureunna kana cacapék Si Uha mah, nya? Unggal panggih gé pasti wé keur ngemil."
    Jelema duaan tingceuleukeuteuk.
    "Tah kitu, enya. Teu kaop aya dahareun deuih. Tapi kéla, Jang Ahim, wayahna ditinggalkeun heula ku mamang, nya. Rék ka imah Bi Icih heula. Bisi butuh pengawalan hansip, ah."
    "Baruk? Aya naon kitu?" Ahim curinghak.
    "Apanan ibu-ibu mah keur persiapan lomba tumpeng ieu téh, Jang."
    "Oh …, atuh uing milu ah, Mang. Hariwang bisi Mamang butuh bantuan di ditu."
    "Euh …."

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi