• Hong!

    Matak Ketir kana Manah, Video Musibah Caah ti Tanah Jeddah


    Sok sanajan kawilang langka maca warta ayana caah di Timur Tengah, utamana di Saudi Arabia, tapi geuningan ieu kajadian téh teu mustahil dina dikersakeun ku Mantenna mah.


    Kasanggakeun, kintunan video caah ngalangkungan médsos anu katampi nembé ieu. Ketir pisan ningal karuksakan anu atra. Aya ogé nu maksad nulungan, kalah ka kabetot ku tarikna arus cai nu pohara.


    Lian ti nyimpen vidéona, anu kaitung langka ningalina kana ieu peristiwa, atuh muga baé aya pulunganeun hikmah dina satukangeun ieu musibah.


    Hiji catetan, ku sabab ieu mah video amatir, boh bilih isuk pagéto kapanggih yén ukur béja palsu alias hoax (samisal video lawas), ieu postingan bakal diropéa deui.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi