• Hong!

    Hunter Killer: Misi Amérika Ngagagalkeun Kudéta Persidén Rusia

    Tumerapna ka singsaha nu mikaresep kana pilem perang mah, nongton ‘Hunter Killer’ téh bakal jadi hiburan anu nyugemakeun. Ieu pilem boga kelas anu onjoy, lain saukur pilem gurem anu dijieun paspasan atawa nu pinuh ku adegan kliseu. Boh dina milih caritana, béntangna, jeung hampir sagala aspékna ditataan kalawan tarapti, nu antukna jadi pintonan anu teu matak bosen sok sanajan ditongton aya kana dua jamna.

    Ceuk variety.com mah, ieu pilem ti Lionsgate anu dibéntangan ku Gerard Butler, Gary Oldman, jeung Common téh, bakal ngahasilkeun antara 5 nepi ka 9 yuta dolar dina ahir minggu ieu, nu dikumpulkeun ti 2,720 bioskop. ‘Hunter Killer’ disutradaraan ku Donovan Marsh, dijieun dumasar kana novel ‘Firing Point’ nu nyaritakeun misi anggota Navy Seals ka Laut Arktik pikeun nyalametkeun Persidén Rusia.

    Adegan awal pilem geus ngajak kana suasana tiisna kawasan Laut Arktik. Dua kapal selam, bogana Amerika jeung Rusia, keur ‘ucing-ucingan’, ngamangpaatkeun canggihna alat tempur boga dua nagara adikuasa kasebut. Teu ku hanteu, boh kapal selam Rusia, atawa kapas selam Amerika, diserang nepi ka tumpurna. Ti pihak Amerika, leuwih ti saratus awak tiwas dina insidén éta.

    Pikeun mariksa kaayaan kapal selam anu ditembak téa, Angkatan Laun Amerika nugaskeun kapal selam séjénna. Kapal selam nuklir ‘Arkansas’ diparéntahkeun miang ka lokasi, dipingpin ku Joe Glass (Gerard Butler) nu can boga pangalaman jadi kapten kapal selam. Sok sanajan kitu, ari hirupna mah mangtaun-taun jadi jadi awak kapal selam. Glass boga catetan husus pakait jeung sikepna ka atasan, tapi hal éta jadi modal nu matak kapilih jadi kapten keur misi ka wilayah musuh.


    Ditémbakna kapal selam Rusia jeung Amerika téh béhna mah bagian tina scenario pikeun nyieun pucuk ti girang, anu muarana sangkan aya perang di antara dua nagara adidaya. Menteri Pertahanan Rusia, Dmitri Durov (Michael Gor) nyieun kudéta ku cara nyulik Persidén Zakarin (Alexander Diachenko) di hiji pangkalan militer angkatan laut Rusia. Ku jalan nyandera ieu, manéhna bisa ngawasa pucuk komando nagara, sabab sagala paréntah ka angkatan perang Rusia bakal diakukeun datangna ti Persidén Rusia.

    Ku sabab panasaran aya naon nu lumangsung di éta pangkalan Angkatan Laut Rusia, pihak Amerika ogé ngirim tim Navy Seals, (di antarana diperankeun ku Toby Stephens jeung Michael Trucco). Teu ku hanteu, tim nyaksian éksékusi tim pengawal pribadi Persidén Rusia ku pasukan Durov. Ti dinya, Amérika boga kacindekan aya ‘coup de etat’, laju mutuskeun kudu aya usaha nyalametkeun Zakarin.

    Kapal Selam Arkansas, dina prakna kalah manggihan kru kapal selam Rusia anu salamet, dipingpin ku Kapten Andropov (Michael Nyqvist). Dibantu ku Andropov, Kapten Joe Glass jeung awak kapal selam ‘Arkansas’ merjoangkeun nyalametkeun Zakarin.

    Adegan-adegan tim darat Navy Seals jeung kapal selam ‘Arkansas’ dina nyalametkeun Zakarin, diramu ti detik ka detik, teu matak bosen. Ieu pilem ngahadirkeun suasana tegang tapi matak panasaran. Tangtuna wéh, sakabéhna didukung ku sinématografi nu matak mata simeuteun, kaasup dina ngagambarkeun kacanggihan jero kapal selam nuklir Amérika, jeung alat-alat tempur séjénna.

    Kumaha ahirna, naha hasil nyalametkeun Zakarin? Perkara éta mah sigana gampang teuing kabadéna. Tapi, nu matak resep mah dina nengetan prosésna, rénjagan-rénjagan dina nganggeuskeun tujuan caritana. Perkara aya adegan klasik silihtangkeup jeung katara bungah mah, sigana hésé dileungitkeun, sok sanajan teu karasa dipaksakeun teuing.

    Aya ogé nu matak hémeng, naha enya opat Navy Seals sakitu gampangna nyulusup ka markas angkatan laut Rusia, bari aya Persidén di dinya? Teu katangen ku sensor panas jeung sajabana? Ah, tong dipikiran teuing, bisi kalah galfok téa.

    Naon benang beureum tina caritana? Satiap nu nongton tangtu miboga pamanggih sorangan. Sakuringeun mah, ras kana idiom 'euweuh babaturan atawa musuh anu abadi dina pulitik mah, nu aya gé kapentingan'. Demi kapentingan mah, sok sanajan kudu nyalametkeun musuh gé, maké jeung henteu.

    Wilujeng panasaran wéh. Rékoméndid!

    (kénging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi