• Hong!

    Sang Saka


    Lapangan nu asalna pinuh ku pamilon upacara téh kiwari mah geus taya sasaha. Nu bébérés sound system nungtutan mungkur. Barudak sakola, pagawé instansi, aparat jeung lian-lianna geus ti tatadi marulangna. Bangun nu rarusuh, keur mah srangéngé tarik kacida. Para wanoja meusmeus ngusapkeun tisuna. Humandeuar.

    Éta mah tadi. Nalika pada baris, nyakséni paskibra naékkeun bandéra. Basa inspéktur upacara macakeun amanatna. Kiwari, ukur tihang anu nyésa. Podium kahurmatan geus ucul. Korsi-méja dipérénan, katut sagala hiasanana.

    Kélébét, kélébét. Gagah. Kasima, saban neuteup kélébétna. Beureumna getih, wani. Bodas nyacas, suci. Ras. “Uyut manéh nu baheula wakap lapang téh. Taah, akina Uyut kacaritakeun wanian kacida ka Walanda, nepi ka ditémbak di beulah juru kidul, deukeut tajug téa,” saur Bapa, mindeng pisan. Reueus. Berebey.

    Buru-buru nyusut cimata. Ras ka jenat Bapa. Ras ka Ema, pasti keur papanasan buburuh nandur. Bismillah. Luak-lieuk. Geus yakin laluasa mah indung domba dileupaskeun talina. Beretek, muru lapang, dituturkeun ku anak-anakna.

    “Merdeka!”

    foto: kumparan.com

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi