• Hong!

    Kumpulan Ngaran Kembang jeung Anak Sato


    Kumpulan ngaran sesebutan keur kembang tutuwuhan:

    Kembang Waluh = aléwoh
    Kembang Taleus = ancal
    Kembang Eurih = ancul
    Kembang Jeruk = angkruk
    Kembang Cabé = bolotot
    Kembang Bako = bosongot
    Kembang Hoé = bubuay
    Kembang Honjé = combrang
    Kembang Kaso = ciriwis
    Kembang Sampeu = dingdet
    Kembang Awi = eumbreuk
    Kembang Génjér = gélényé
    Kembang Salak = gojod
    Kembang Gedang = ingwang
    Kembang Laja = jamotrot
    Kembang Cau = jantung
    Kembang Cikur = jelengut
    Kembang Limus = seleksek
    Kembang Jambu Aér = lumenyap
    Kembang Jambé = mayang
    Kembang Céngék = méncéngés
    Kembang Jéngkol = mérékényényén
    Kembang Térong = moncorong
    Kembang Kadu = olohok
    Kembang Peuteuy = pendul
    Kembang Pandan = pudak
    Kembang Muncang = rinduy
    Kembang Paré = ringsang
    Kembang Kalapa = suligar
    Kembang Tangkil = uceng
    Kembang Jarak = uing
    Kembang Bawang = ulated

    Kumpulan ngaran sesebutan keur anak sato:

    Anak Lancah = aom
    Anak Maung (jalu) = aum
    Anak Maung (bikang) = juag
    Anak Kancra = badal
    Anak Kutu = balagendir
    Anak Gabus = deleg
    Anak Bagong = bebenjit/bedul/begu
    Anak Monyét = begog
    Anak Kuda = belo
    Anak Ucing = bilatung
    Anak Buaya = bocokok
    Anak Deleg = boncél
    Anak Keuyeup = boncérét
    Anak Beurit = buncit
    Anak Lauk = burayak/berenyit
    Anak Bangkong = buruy
    Anak Embé = cemé
    Anak Hayam = ciak
    Anak Bogo = cingok
    Anak Munding = énéng
    Anak Kukupu = hileud
    Anak Anjing = kirik
    Anak Kutu nu leutik keneh = kuar
    Anak Belut = kuntit
    Anak Lubang = leungli
    Anak Bangbung = kuuk
    Anak Gajah = ménél
    Anak Lélé = nanahaon
    Anak Bandeng = nénér
    Anak Sapi = pedét
    Anak Meri = pitik
    Anak Japati = piyik
    Anak Entog = titit
    Anak Reungit = utek-utek

    Catetan: kumpulan ngaran kembang tur anak sato di luhur, éta téh meunang ti médsos. Bisi aya kurang atawa salahna mangga koméntaran atawa benerkeun dina komentar. Hatur nuhun. 🙏

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi