• Hong!

    Patepung Lawung jeung Dua Kuwu


    Jumaah magrib, miang ti Jogja. Saptu, tabuh tilu subuh, nepi ka Sadéwata. Pabeubeurangna, tutas salat lohor, geus kudu mudun ka Kawali deui. Di Pasir Garu, karérét aya jalma jangkung di tonggoheun jalan, sisieun lapang bola.

    “Pa Kuwu, tuh,” cék adi bari nyetir. Ku sabab sok patétémbalan dina grup WA ‘Situ Hiang Sadéwata’, asa kurang hedé lamun teu munjungan heula. Reg wéh, mobil eureun heula.

    Pa Kuwu giak nyampeurkeun. Tutas gap sasalaman téh teu asa jeung jiga, enya-enya nyambungna dina wangkongan ngobrolkeun lembur, najan teu lila. Pa Kuwu Nursamsi —purnawirawan tentara, témbong pisan sumangetna. Jeung enyana deuih, pangwangunan kiwari leuwih karasa jeung katara. Reugreug jeung bungah wéh, nyaksian lembur karuhun dina mapag isuk pagétona. Muga kapamingpinan Pa Kuwu aya dina jalan kamajuan jeung kaberkahan. Hiji wéh nu kapikiran téh, kumaha ari perkara ngamumulé budayana? Cag heula, perkara éta mah, ah.

    Sugan mah manggih kabungah téh ngan ukur ku panggih kuwu hiji. Lain hartina teu bungah nya, basa pasosoréna pataréma leungeun jeung Bupati Terpilih Ciamis, Kang Dr. Herdiat, di Pendopo Kecamatan Kawali. Atawa puguh deui asa kagunturan madu basa sasalaman tur nongton pintonan Nyiar Lumar nyarengan Kang Dedi Mulyadi, Bupati Purwakarta, ukur kahalangan ku Ang Perbu Godi Suwarna harita téh, papeupeutingna.

    Ngan ieu mah aya ku teu nyangka, Minggu janarina bakal panggih deui jeung kuwu séjénna. Kakara gé gék harita téh di lapangan deukeut Pasanggrahan Cikawali. Nu nongton ngagimbung, ngangsreg tutas pagelaran ‘Perang Bubat’ lekasan.

    Kiwari ‘Ronggéng Gunung Bi Raspi’ nu bagéan tampil. Tiris pisan nu puguh mah, tapi nu nongton angger satia. Lolobana para nonoman nu reueus jeung micinta kana budaya Sunda. Gur, api unggun ngabebela.

    “Kang Yuska! Kang Yuska!”

    Ih, sugan mah wangsit ti karuhun ka kami nu geus mimiti tunduh jeung lungsé. Lieuk wéh ka béh kénca. Bréh téh, kahalangan sababaraha panongton nu sarua diuk di dinya, aya nu nyalukan téa. Gebeg.

    Keur mah kakara bérés acara patukeur-tukeur pataka antara rombongan Galuh jeung Mojopait dina adegan pamungkas ‘Perang Bubat’. Katurug-turug kungsi panggih jeung nu nyalukan téh apanan harita di Tanah Mataram, basa nyaksian Temu Sastrawan Sunda-Jawa. Bet ku teu nyangka ieu inohong pelestari budaya téh bet aya di dieu, di Astana Gedé Kawali ogé.

    Buru-buru wé ditepungan, seselendep dideukeutan. Ras kana amanat nu jadi cecekelan. Boa ieu kitu waktuna, nu geus dijangjikeun téa, yén dina hiji mangsa “bakal tepung jeung dua kuwu nu mawa bagja”. Bisi kumaonam lamun teu dipunjungan téh.

    Alhamdulillah, Nyiar Lumar téh cacap miluan tepi ka méh réngséna. Nyaksian ogé aya teureuh Ciwidéy nu ibingna sumanget pisan. Aya Paraji ti Tasik deuih saenyana mah, pédah teu kungsi sasalaman-sasalaman acan. Para panyiar lumar ti mana-mana pada ngéngklak bari ngurilingan durukan api unggun, kompak dikomandoan ku haleuang Bi Raspi.

    Ka mana ari kuwu téa? Teu nepi kana anggeusna, da amitan “tipayun ah, wangsul ti Jakarta ieu téh” pokna. Teg wéh, boa sigana masih nguruskeun pasualan patung téa? Jeung ku teu bérés-bérés éta urusan, uyuhan.

    Moal henteu, kana subuhna manéhna nepi ka padumukanana. Karunya, jaba tunduh eunceupna mah, capé ongkoh, da motah bieu ngéngklakna. Geus motah kitu mah, moal kasamaran éta manéhna, sok sanajan diteregos semu nutupan jatidirina. Pantes lamun nyumput téa mah, da di antara pamilon Nyiar Lumar téh riab para wartawan.

    Ingkig wéh manéhna mah miheulaan. Teu melang sotéh pedah témbong aya pangawalna, malum lain jalma samanéa. Kuwu téh kawentar 'Kadés Ajo' asmana.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi