• Hong!

    Satonggoheun Cikawali


    Pabeubeurang. Dumadak amprok jeung Kuwu Gandi. Pangsiunan tentara, kiwari teu nyésa cangkerna. Kuru. Ngungun. “Budak téh diboyong, tapi ayeuna kalah nyorangan di ditu. Kaduhung Bapa…,” pokna dumareuda. Saenyana, teu nanya teu sing. Tapi, ti saprak éta, haté guligah. Rus-ras. Kumalangkang.

    Peutingna. Basa Jaran Bali ngulinkeun ruhak, wirahmana ku “cak-cak-cak!“ Basa ketak panyajak dipungkas aweuhan surak. Basa damar séwu marakbak ngabagéakeun réwuan umat. Bet naha, Astana Gedé karasa simpé.

    Gilig, laju ngagedig. Léngkah demi léngkah. Ngaliwatan prasasti-prasasti. Reg. Satonggoheun Cikawali. Dina sesela rajegna tangkal-tangkal kahuripan. Nyalingker. Nyidik-nyidik. Néangan sésa tapak, muasal tatu na jero haté nu kungsi sakarat.

    “Teu kénging sagawayah ngémut di dieu mah!” pokna harita. Digebés. Henteu, teu sagawayah ieu mah. Didinya éstuning jadi pangdunga beurang-peuting, muga baé tinekanan. “Alim kituh!” cekéng. “Ih, teu kaopan nya. Tuh, tingal! Lumar éta tawis harepan urang duaan.” Gelenyu.

    Weléh. “Citra…!” Teu kawawa. Riyeg. Bray. Lebah dinya. Ngempray. Cahyana mapakan purnama jeung damar-damar.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi