Ti saprak ronghéap angin ngahiang, béja ngeunaan katumbiri teu nepi deui ka pangreungeuna. Sapeuting, dua peuting, tilu peuting. Pleng. Ukur hariring jempling mépéndé simpé. Tapi, asmara ngalilimpudan kasabaranana. "Bisi sakapeung kuring teu datang, wayahna...." Seug. Ngabendung curucud cimata. Bagja téh tangtu aya tumbalna.
Lebeng. Nincak mangwilang purnama. Lahlahan. Mimiti ngilikan kertas, péna jeung mangsina. Kokoréh. Gutrut, gutrut. Nganggit runtuyan ungkara. Sajak-sajakna maléncrang, diiberkeun ka marcapada. Mucekil, nawuan mangréwu pananya. Hanjakal, béja nu ditungguanana mah taya ringkangna. Tug ka bosenna. Harita, medal rahuh munggaranna.
Satutasna, ngawani-wani manéh ngiberan bulan, béntang jeung méga-méga. Wanci srangéngé sumorot digdaya, nalika mangpirang japati bodas ngiuhkeun gumeleberna, atawa basa lampu-lampu kastil nyamarkeun garing taman sapangeusina. Manéhna ngadangdingkeun kakangenna, dipirig jentréngna harpa. Beurang-peuting, sapeuyeuhna. Kitu jeung kitu. Kapidangdam.
Wur, wur. Kiwari, pinanggih reureuhna. Liuh, lega, sakuliah madhabpapat. Cihujan munjungan deui, nyeungceurikan ngumbarana. Nya harita, nu dianti-anti tumiba. Mawa béja katumbiri téa.
No comments:
Post a Comment