• Hong!

    Kanggé Saha?

    “Ngangken, Kang, éta téh kanggé sahaaa?” pokna. Neuteup, beueus. Dareuda, ‘na sela-sela inghakna. Beu, aya ku bingung. Ukur bisa nyagap lalaunan pipina. Ngusapan lémbéréh cimata ku réma-réma. Pencrongna angger nganaha-naha. Baheula, mun aya kolébat tanya dina hihideung panonna, sok buru-buru dihiap. Diakeup geugeut, diupahan, bisi katutuluyan. Kiwari, panon nu sarua, teuteupna bet nurih ati. Lir ngucurkeun cuka kana gudawang tatu.

    “Ieu… ieu téh kanggé salira, Nung.” Karasa, teu mirasa. Hambar. Moal kapalingan. Pasti kabadé ku manéhna. Tuh, da enya. Geus taya nu ngaburicak dina teuteupna, cara bihari mun mireng jawaban éta. Basa pisajakeun, picaritaeun, pibukueun, diasongkeun ka hareupeunana. Sok marahmay, jol ngagabrug, celengak-celengok. Ngamusnakeun leuseuhna raga, mawa lugina. Keur manéhna, réwuan aksara téh badis tinggurilapna mutiara. “Kabagjaan tina maosan ieu, moal tiasa kapésér harga, Kang….”

    Kumaha, atuh? Béda. Ti mangsa ka mangsa. Ukur éta harepanana. Enya, ukur éta. Celekit. Tatu téa. Dumadak karasa. Kitu jeung kitu. Saban-saban kokolébatan. Harepan-harepan. Ngagarupayan.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi