• Hong!

    Dongéng Nu Laleumpang

    “Ulaaah!” Unéh noyod. Ngalanggéor. Adina néléndén, tukangeunana. Ngaliciprit. Bi Warsih ngagéyot, nyusulan. Melangeun. Ma Engkur rumahuh. Ngageuyeunggeung. Dugla-digleu, malum uubar kénéh. “Unéééh!” Patutur-tutur. Reg. Hareupeun leuwi. “Buntu, Embi.” Kapalang. Unéh narabas. Bi Warsih gogodeg. Adina popoyongkodan. Telenjeng. Duaan kukurubutan. “Unéééh, meugeus, jiiih!”

    Burudul. Ikin, sabalad-balad. Ngabring ngarulon. Ngantay, na sasak. Jlung-jleng. “Eueueuy, tungguaaan!” Beretek, Ajun nyusul. Tuturubun. Nubruk Jéjé. Turugtug, jajarigjeugan. Kudupruk. “Alah, soriii!” Bari ngabadaus. Tonggoy, ngungkug. “Jiiir!” Jéjé ingkud-ingkudan. Muntangan Oman. Nu rincug, da sendalna pegat. Antukna, patuyun-tuyun. “Geus kabéh, euy?” “Si Aléh boyot, Kin, tungguan!” Teu lila. Nu égang datang. Rarampéolan. Selendep. “Hayuuu!” Bring. Ngaraleut ngeungkeuy. “Enya di dinya néanganana?” “Heueuh!”

    Pasosoré. Kuwu Marwi ngagandeuang. Tenang. Hansip Uju képoh, ngingiclik. Jog. Posko. Nyi Engkoy sumedeng gonjléng. Dudad-dédod. Kulisi timburu. Lajag-léjég. “Taruang heula…!” Tim SAR garideug. “Hapuntenna, nu naleker kapendak di lamping wétan.” Tinggaredig. Kabéhanana. Jol. Ikin saparakanca, marawa kadu. Heuleut keudeung. Unéh, opatan. Barabawaan. Supa, baradag kacida.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi