• Hong!

    Reuni Keur Winda

    “…, pokona kedah sumping!” “Muhun, mangga, insya Alloh….” Ruménghap. Haté dumadak simpé. Kolébat. Kolébat. Mangpirang-pirang taun ka tukang. Bréh. Kelas tilu fisika hiji. Nu bieu nelepon, keur ngaheureuyan batur sabangkuna. Tukangeunana, nu geulis keur anteng maca. Winda. Umyang, paroman gumenclang. Makutana meles sataktak. Calakan. Buburicakan, mun pareng cumarita. Sok ngahajakeun, neuteup leleb hihideung matana. Tepi ka ngelukna. Binarung imut kareueut, nu kaimpi-impi peutinganana. Sampurna. Kageulisanana nyamunikeun rusiah haténa.

    Jog. Sakola. Wangunan titinggal Walanda. Jungkiringna lir asmara nu teu kahontal téa. Nyeuit. Semu ngaléléwé. Leuseuh. Tangga demi tanggana. Bihari, saban poé ngaliwatanana. Jam sakola. Pramuka. PMR. Paduan suara. Bareng Winda, sabalad-baladna. Ratug. Kumaha kiwari, maranéhna?

    Reg. Kulutrak. Kelas haliwu. Réang. Pada ngabagéakeun. Nu ngagabrug. Nu nyangkéh. Sung-song. Kruk teuing ka mana. “Ku naon sampéan?” Diperenahkeun. Gék. Rut-rét. “Winda mah moal tiasa ngiringan deui,“ sobatna nu cumalimba, “sataun ti lulus, kénging tabrakan, dugi ka pupusna, Pa….” Meg. Sérését. Tatu téa. Nyanyautan deui.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi