• Hong!

    Asmara Meuntasan Mangsa

    “Ratna mah badé satia, salamina, ka salira….” “Sanaos paduduaan, urang hungkul, saterasna?” Unggeuk, binarung imutna. Buburicakan panonna. Héndra, kebek ku kabagja. Nangkeup geugeut, ngusap deudeuh. Celengok, ‘na tarang umyang. Réma-réma nyaliara. Rénghap-ranjug ngawirahma. Rekét, randeg, ngabelenyéh. “Hilap, ih, ngadunga heula!”

    Reuwas, tutas gumerendeng. Rohang dumadakan oyag. Gap, daster pamajikanna. Cepel, bolokot ludira. Pelengseng kaangseu hanyir, matak puriding puringkak. Rét deui, nyampak nu sepa. Ngulahék hareupeunana. Paroman témbong boléklak, nyésa hiji bolototna. Daging ayud bilatungan, sawaréh tulangna atra. Nginghak, “Watna ngah nyatia….”

    Nyah beunta, sakilat cengkat. Jibrug, istigpar, sasambat. Hémeng, aya ku sarupa. Impian saban peutingna. “Ihlaskeun, Hén, papasténna…,” Dulurna hiji-hijina, Dirja, teu weléh ngupahan. Héndra sumegruk rumasa. Tacan nyugemakeun Ratna. Matak, miang gé, ngumbara. Ngaronjatkeun kulawarga.

    Sung-song, nu pada amitan. Tahlilan cunduk lekasan. Ukur sésana limaan. Guk-gék, ngariung na rohang. “Tuang garwa téh ragragna…,” cék Iptu Guntur daria, “tos tilu sasih ngandegna.” Leng, kiamatna tumiba. Rut-rét, néangan lanceukna. Dulur pananggeuhanana.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi