• Hong!

    Nu Geus Teu Disada

    Jegug, jegug. Atra kacida. Mawa gareuwah, ti beulah kaléreun imah. Pada ngaromongkeun. Mindeng nyosoék katingtriman komplék. Beurangna, peutingna. Geus bulan kadua. Pangpikakeuheuleunana mah mun keur meumeujeuhna tibra. Jegug, jegug. Koréjat.

    Aral. Capé hate. Diracun waé, kitu? Sidik paimahan sakieu heureutna, der kitu patut iinguanana. Sangeunahna, enya gé séwang-séwang miboga hakna. Lain, lain urusan noléransi. Teu ngahargaan wéh ka kénca-katuhueunana. Ngagandénganana. Can urusan najisna, lutak-létakna. Geus géték rék lapor Érté. Sina ngélingan nu boga pokalna. Paduli, lah, pajar cénah cocooan kulawargana. “Si Jéki tuh suka diajak main Billy, Pah,” pok Si Bungsu, babaturan budakna.

    Bedo ngadeuheusan Érté. Jugag-jegug téa dumadak suda. Lugina. Ngariung di méja makan, sabada rérés magriban. Kukurubukan, kahudang ku nu ngabarak, nu banget pinimateunana. Cobék guramé, oséng daging rica-rica, sambel tarasi katut lalabna. Sangu haneutna sayaga. Ngalimed, sawaregna.

    Pecenghul, Si Bungsu. “Pah, Si Jéki udah disembelih. Kata Billy, otaknya besar, loh!” Rét. Pamajikan sepa. Oséng pangirim téa. Lada.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi