• Hong!

    Kopi Ti Nu Surti

    "Lirén heula atuh didamelna, ih!" Nyoara binarung tresna. Matak dédéngéeun halimpuna. Imut kareueut, nganteurkeun geugeut. Raray gumenclang. Ningtrimkeun ati, nenangkeun jiwa. Sagala kacapé dumadak musna. Sumanget gawé ngagedur deui. "Wios... tos biasa, da...."

    Nyampeurkeun, ka satukangeun. Kaseuseup, dumalingding sampulurna. Karasa, usap deudeuh réma-rémana. Kana buuk, kana taktak. Mencétan lalaunan. Pel. Ngaléndéan, ngahaneutan. Polah ogo sabiasana. Emh, aya ku éndah. Peuting ieu, peuting kamari, jeung peuting-peuting saméméhna. Taya deui nyileuk nu dirungrum subaha, sab nyorangan ngahanca garapan nu taya kendatna.

    "Cuang damelkeun kopi, nya?" Dilieuk, diunggeukan. Cengkat, malédogkeun deui imutna. Geuleuyeung. Les. Rumbay buukna, kayas dasterna, ilang diteleg surem rohang pangtukangna. Ah, kopi hideung, jieunanana. Tawis surti nu sajati. Saban-saban dianti-anti.

    Tirisna wanci janari, mingkin rosa nyelecepna. Sésélékét. Nepi ka sungsum balung. Jung. Nguliat, miceun rerengkeng awak. Rerencepan, ka kamer heula. Ngarawél jékét, ngadobelan singlét. Reugreug. Pamajikan, témbong nyegrék na enggonna. Témbong nimat nakeranan, lalayaran na impianana. Rekét, ka luar deui.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi