• Hong!

    Nu Murukusunu Lebah Pudunan

    “Tujuh triliun, Cé, tujuh triliun! Duit kabéh, tatéh?” Emid tikerung-kerung ngaburakeun kahémeng. Ucé ukur ngarérét, neruskeun deui hancaeunana. Reketek, reketek. “Heueuh kitu! Apanan ceuk dirutna ogé rugina sakitu, matak élpiji ditaékkeun hargana téh.” Regeyeng. Dua beungkeutan nu geus wareweg ditangtungkeun.

    “Ah, tapi da teu kira-kira atuh, Cé! Ongkoh deuih, Pebruari taun katukang, heueuh 2013, cék manéhna taun 2012 Pertamina untung 25,89 triliun, malah mah taun 2013 nargét untung 36 triliun. Taaah, geuning untung, lin? Naha ngundakkeun harga? Pikacuaeun!” Murudul. Ucé nyéréngéh, nyaksian nu gogodeg bari baketut. Gap kana sobat taktak.

    “Meugeus, Mid, kawas pengamat ékonomi waé, lah. Sabodo, euweuh urusan! Jeungna deui teu eunceup pantar urang pinter-pinter teuing ngomong mah. Samalah kuduna bungah! Bérés, tatéh?” Emid teu lémék. Gap, ngahanca. Baketut.

    Teu lila, duaan pairing-iring. Tatanggungan, milu aleutan. Réwuan. Marapay pudunan leuweung nu mingkin ngabutakan. Sora rancatan rerekétan, dipirig récétna manuk aral nu silihtémbalan, patingdorokdokna kakayon nu maruragan.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi