• Hong!

    Grafis Fikmin "Acuk Saé Anu Abdi"


    Nu karasa, nyieun grafis fikmin téh saenyana teu pati béda jeung ngarang fikminna. Aya prosés ngésangna, mikiran konsépna -najan sabasajan-basajanna ogé-, dadahut sagala rupana, laju prung ngajentul ngadumaniskeun bahan-bahan grafisna téa. Rék jujur wéh, dina élmu ngagrafis mah kuring ukur otodidak bekelna, éstuning lain hasil nyakola. Ku kituna, pamustunganana téh ukur ngandelkeun rasa, mun nengetan hasil ahir ngagrafisna, naha geus nepi kana matak puas atawa henteuna.

    Tah, kitu pisan nu karasa, basa grafis fikmin Mbi Eni Setiani -salah sawios wanoja fikminer senior di lapak Fiksimini Basa Sunda-, nu judulna “Acuk Saé Anu Abdi” kaburu dikunclungkeun dina lapak fanpage ‘Dongéngék’ kamari ieu. Grafis nu geus midang téh bet geuningan karasa acan maksimal. Nya dikotéktak deui, sabisa-bisa diropéa, sugan jeung sugan rada alus meueusan. Hasilna, nu kasanggakeun di luhur ieu.

    Ari fikminna mah teu kudu jadi bahan catur deui, da geus puguh apanan dileler ‘béntang petingan’ di fikminsunda.com, minangka situs keur neundeun arsip karya-karya sakumna fikminer. Nu maléncrang ti antarana, nu kapeunteun saé wangun tur eusi fikminna, ditémpélan béntang téa ku para pupuhu lapak FBS. Fikmin Mbi Eni nu digrafis di luhur ieu kaasup di antara nu petingan téa. Eusina jero tur mirasa kacida.

    Nyanggakeun grafisna…!

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi