• Hong!

    Mikawanoh Titik Tilu

    “Kuring hayang ngapung…….” “Ka mana waé ogé kuring rék milu…….” Sok mindeng kapanggih, kalimah nu dipapaésan ku titik ngajajar leuwih ti hiji, nu dimaksudkeun jangeun méré rasa nu séjén keur nu maca kalimahna. Karasa aya nu ‘digantungkeun’ ku ayana éta titik-titik dina kalimah téh. Cénah, éta titik nu ngabaris téh disebutna tanda élipsis, nu saenyana cukup ditulis ku tilu titik hungkul, teu kudu loba-loba teuing.

    Titik tilu atawa tanda élipsis ilahar dipaké keur nuduhkeun aya bagian tina kalimah nu dipegatkeun, atawa teu ditulis sakabéhna. Umpamana: “Ari geus sapuk mah … hayu urang indit ayeuna!” atawa conto lianna: “Kuring rék ngabéjérbéaskeun perkara … nu masih kénéh ditalungtik nepi ka ayeuna.” Titik tilu dina dua kalimah di luhur nuduhkeun aya cara ngedalkeun kalimah nu ditahan heula, atawa aya eusi kalimah nu teu dituliskeun. Kitu nu kudu karasa ku pamaca, sabab dua kalimah langsung di luhur téh apanan ngawakilan dialog.

    Numutkeun PEDOMAN UMUM EJAAN BAHASA INDONESIA YANG DISEMPURNAKAN nu disarungsum ku Panitia Pengembangan Bahasa Indonesia ti Pusat Bahasa Departemen Pendidikan Nasional, medalna taun 2000, tanda élipsis téh dipaké keur nuduhkeun ‘kalimat yang terputus-putus’ jeung ‘dalam satu kalimat atau naskah ada bagian yang dihilangkan’.

    Aya catetan husus keur cara neundeun tanda élipsis, nyaéta cukup ku tilu wae titikna, iwal ti lamun diteundeun dina tungtung kalimah. Di dinya mah ditambahan hiji deui ku titik –atawa bisa jadi tanda (!) jeung (?)- nu nandakeun anggeusna kalimah. Contona: Pa Bupati ngabéjérbéasekun sagala pasualan nu pakait jeung pangwangunan….

    Catetan séjénna, nu didugikeun ku Kang Nana Sukmana, salahsawios pangarang nu jadi narasumber fikminsunda.com, lamun élipsis diteundeun keur nuduhkeun kecap nu diucapkeun bari panjang dina tungtungna, contona “Ulah…!”, teu kudu ditulis deui a-na satilu-tilu siga “Ulaaah…!”. Jadi, cukup wéh milih rék nulis “Ulaaah!” atawa “Ulah…!”

    (catetan kénging Yuska Sadéwata dina raraga sasarengan diajar nulis)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi