• Hong!

    Sémah Soléh Nu Dianti-anti

    “Pabaru geus rentang-rentang, Ambu,” Bah Marwi gumerendeng. Ngahodhod. Siduru hareupeun hawu. Ngahaneutan awak kuruna, nu méotan dirungrum tiris pohara. Isuk-isuk téh béda ti sasari. Hujan ngengecrek ti janari mula. Gap, bekong kopina. Suruput, suruput.

    “Kumaha kitu, Abahna?” cék Ambu Isoh bari mindahkeun goréng ulén panas, anyar ngangkat.

    “Jih, apanan taun anyar téh rék ngamimitian téa. Ngan, nu pajar rék barangkirim téh ningan euweuh norojol waé, nya?” Kerung.

    “Puguhan, Abah,” bojona ngécagkeun susuk 'na katél di juru pawon, “ibu-ibu pangajian gé réang naranyakeun waé.”

    Masigit, titinggal karuhun. Sepuh pisan. Nyanggéyéng, nungguan ambruk. Bohak sakuriling bungking. Balencar. Kenténg-kenténgna sawaréh peupeus. Bagja, basa aya pasamoan, Sémah ti dayeuh jol haat rék ngawaragadan. Sagalarupana. Dadahutna. Bérés, tong salempang, sakalian diwangun anyar, cénah. Warga sarurak, kabeuli haté ku kasoléhanana. Sapuk, pagéto rék nyaroblos Sémah téa.

    “Cilakaaa!” Bah Marwi hariweusweus, di jero imah. Tutunjuk kana tipi. Bréh, beungeut nu dianti-anti, beueus. Réportaseu ti kantor Kapéka.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi