“Lain bunuh diri...,” Iptu Dédi ngagerendeng. Gemet niténan eusi kamar, dibaturan petugas forénsik. Jeprét, jeprét. Cahya blitz patingburinyay, nyaangan mojang nu ngababatang. Inah, méh buligir 'na pangsaréan nu acak-acakan. Beuheungna tapakan, biwirna getihan. Gelas jeung botol Baygon nyampak ngagolér. Test pack positip kapanggih ‘na wadah runtah.
Rasja, tukang sayur langganan, kabogoh korban. Meusmeus kapiuhan. Manéhna nu pangheulana manggihan. Cénah, basa rék nganteurkeun pesenan, imah suwung tapi aya sora gugudubragan.
Dunungan korban, salaki pamajikan, teu boga turunan. Pa Janu, ngakuna indit gawé rada beurang. Bojona mah miheulaan, rutinan ka sanggar senam. Inah geus biasa nyorangan, ti saprak budak awéwé Bu Janu ngadadak milu bapa tegesna.
“Aya tapak dina sepré…,” Iptu Dédi neuteup seukeut. Pa Janu ngarénjag gugup. Samar polah. Bojona nu inghak-inghakan, ngécagkeun panyekelna. Ngajéngkat nyingkahan. Gebrug. Gagauran di jero kamar.
Teu lila. Basa nu diborgol diiringkeun miang, nu nyekelan tatu ‘na ceuli mah nyéréngéh puas, bari nyérangkeun nu reumbay cimata.
(kenging: Yuska Sadéwata)
No comments:
Post a Comment