• Hong!

    Ninyuh Fikmin keur Nulis Cikopi

    Boa wéh ieu mah, ngan saukur babadéan, ceuk pamikiran simuing. Nyieun fiksimini basa Sunda (saterusna baris disebut fikmin) téh saenyana taya bédana jeung ninyuh cikopi. Naha mapadakeun jeung inuman nu dipikalandep ku jalmaréa, utamana kaum lalaki? Lain ukur kusabab basa nyieun tulisan ieu dibaturan ku cikopi sagelas, gigireun léktop, tapi aya sababaraha alesan nu bakal dipedar, sugan payus keur diapungkeun di dieu. Minangka catetan pribadi wé ieu ogé, sauingeun téa (as always).

    Kahiji, cikopi nu ngeunah merelukeun bahan-bahan pinilih. Boh kopina sorangan, nu jadi bahan pangutamana, ogé campuran lianna. Mun kopina waé geus kopi ukur saaya-aya, samisal nu pangmurahna, atawa nu loba campuran béasna (da aya tatéh nu kitu gé!), geus kabayang pikumahaeun rasana. Béda jeung mun kopi pangalusna, atawa nu dihasilkeun ti lemah pinilih, diprosés kalawan daria, tur kualitasna ogé panghadéna. Tinangtu pédo karasa hasil ahirna. Kopi luwak misalna, geuning jadi ‘legénda’. Atawa kopi lampung, kopi toraja, jeung sajabana.

    Kitu deui kumaha lamun gulana kurang alus, loba kokotorna, tada teuing moal ngeunah cikopina. Lamun cai nu ditaheurna tina sumur nu kiruh, atawa cilédeng nu melenghir bau kaporitna, kumaha deui tah? Beuh, kantun dibayangkeun rasana. Fikmin ogé, merelukeun bahan-bahan pinilih. Ti mimiti ideu dasarna, setting jeung plotna, ogé kosa kecap sapuratina. Kudu nu pangalusna, sakabéhna. Tangtuna kamampuhan dina nyiapkeun bahan-bahan kasebut moal ujug-ujug ayana. Kudu ngeureuyeuh diajar ngangseuan seungit kopina apanan.

    Kadua, najan bahan-bahan geus sayaga, ari teu diolah atawa diprosés heula mah, pimanaeun jadina atuh? Kudu aya aktipitas naheur cai, nyiapkeun wadahna, ogé tempat midangkeunana. Pasti éta mah. Kitu deui mikmin, da lamun teu diprosés mah biheung teuing ujug-ujug ngawujud jadi karya nu hadé. Aya hal-hal nu kalan-kalan kurang kapaliré, samisal contona cai keur ninyuh cikopi téh ceuk ahlina mah geuningan ulah nu pangpanasna, komo anyar ngagolak langsung dibanjurkeun kana kopi jeung gula. Kudu diantep heula sakeudeung. Banjurkeun dina suhu kira-kira dalapan puluhan darajat celcius, éta nu pangalusna. Fikmin nu kurang hadé, bisa jadi kusabab gurung gusuh teuing ninyuhna.

    Katilu, pas takeranana. Kalan-kalan sok kareungeu geuningan, "Alah, naha geuning ieu mah kopi téh cawérang pisan rasana?" (kurang kopina), atawa "Sugan kolek ieu mah kopi téh?" (loba teuing gulana). Aya deui, "Cikopi téh haseum kieu ningan?" Tétéla, kudu aya takeran antara kopi, gula, jeung caina. Adumanis antara konflik, karakter tokoh jeung renjaganana, baris nganteurkeun fikmin jadi leuwih mirasa.

    Kaopat, alus wadah atawa tempat midangkeunana. Cikopi ogé moal karasa ngeunah ari panas pisan bari diteundeun dina gelas nu taya panyekelanana atawa ceulina. Hésé atuh nginumna, kapaksa kudu ditungguan tiisna, bari padahal geus moal nimat deui nguyupna. Sigana fikmin ogé kudu ditempatkeun dina wadah nu payus keur neundeunna. Kacida bagjana, ayeuna fikmin midang dina mangrupa mandala, boh média online atawa média cétak nu kabaca ku balaréa. Fikmin nu miboga ajén, samisal nepikeun da'wah atawa lianna, asa teu payus lamun diteundeun dina média nu pinuh ku perkara nu patali jeung rucah. Lain hartina fikmin teu mungkin méré pulas kana média tempat midangna, sok sanajan sakumaha goréngna.

    Kalima, cocog mangsa nyuguhkeunana. Cikopi panas disuguhkeun pabeubeurang bari panas mentrang-mentring, sabenerna bisa jadi taya masalah keur nu ngabutuhkeun mah. Ngan orokaya, ilaharna mah apan aya waktuna. Misalna peuting, keur nu ngaronda, isuk-isuk maturan ngahanca bala-bala jeung surabina. Cikopi oge cenah mah mun disuguhkeun dina waktu anu pas, bisa jadi panahan rasa lapar, nu antukna ngarojong tarékah diét. Tah, lebah dieu sigana kumpulan fikmin anu jejerna ngeunaan birahi, dendam jeung males kanyeri, asa kurang payus mun disuguhkeun dina poéan méméh Lebaran. Dék silih hampura, der disuguhan gambaran manusa nu silih paéhan. Asana kurang merenah. Jih, ieu mah ceuk uing, sauingeun.

    Kagenep, luyu jeung nu ngasaanana. Ieu mah poin tambahan, patali jeung nu ngasaan kopina. Aya juragan warung kopi nyarita kieu, "Da percumah atuh nyuguhkeun kopi kualitas nomer hiji, bari teu maké gula, di warung angkringan uing mah. Jaba pait, jaba mahal kagila-gila. Nu rék ngasaan kopi kitu mah inditna moal ka dieu!" Kitu deui ngeunaan fikmin. Ku sabab fikmin bisa asup ka mana waé, tangtuna fikmin 'déwasa' mah ulah ditujukeun keur barudak sakola. Kira-kira fikmin ukur saaya-aya, ulah waka dikunclungkeun kana lapak nu kacida dariana. Bisi kalah panen kuciwa, sabab teu asak ngagulang-gaperna. Keur ngasah kabisa, bisa ngagunakeun mandala séjénna, bari ngajakan kanca nu miboga harepan sarua.

    Perkara alus jeung henteuna fikmin mémang kawengku ku subyektivitas nu meunteunna. Perkara éta mah geus jadi pamadegan saréréa. Najan kitu, lain hartina urang bébas nyieun fikmin sakahayang sorangan, sabab mana dijieun ogé apanan supaya dibaca (ku batur). Atuh, geus samistina fikmin téh luyu jeung kumaha kira-kira rarasaan nu maca. Teu sasangkleng atawa ukur nuturkeun kahayang sangeunahna nu ngarang. Kopi ogé aya seléra séwang-séwangan, boh mérek jeung rasana. Tapi apanan aya kira-kirana, nu bisa katarima ku saréréa. Nu teu méngpar teuing atawa caliweura.

    Dugi sakieu heula. Kirang langkungna mah nyanggakeun, da ukur hasil ngararampa. Para saéhu ahli sastra Sunda, utamana nu ancrub dina dunya perfikminan, langkung uninga bagbaganana. Cag!

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi