• Hong!

    Dongéng Ihsan Jeung Kuda Ajaib

    Ujug-ujug ras ka mangsa keur ngalap élmu, sakola di Jalan Belitung, Bandung. Aya batur sakelas nu kajojo pisan dina bagbagan kukumpul dongéng énténg nu matak nyéréngéh, atawa carita hampang nu mawa ngahahah. Ku lantaran éta, manéhna jadi loba babaturanana. Tah, sigana -lamun teu salah-, ieu dongéng ogé baheula datang ti manéhna. Teuing ari judul aslina mah, jeung ti mana asalna. Dina dipedarna deui ku simkuring, ditambahan ku diréka-réka, ambéh rada eunceup jeung susuganan leuwih mirasa. Dina aya salahna, misal béda jeung ‘vérsi’ nu kapendak ku pamaca, sok wéh wartosan dina kotak koméntar, tangtu baris jadi pangbanding keur dongéngna. Kieu caritana:

    Aya hiji pamuda pahatu lalis anu soléh ahlakna. Sebut wéh Ihsan ngaranna. Manéhna digawé jadi buruh angon keur salah saurang sodagar jugala. Pagawéanana unggal poé maturan ratusan domba néangan jujukutan dahareun di sisi lemburna. Ieu pamuda téh kaceluk ka mana-mana, sabab boga ingon-ingon kuda nu ahéng kacida. Ihsan jeung kudana layeut kacida, jadi buah catur balaréa.

    Hiji poé, si pamuda kadatangan sémah di tempat ngangonna. Teu nyana, yén tamu jangkung badag téh lain jalma samanéa, sabab saenyana Raja Rampog nu jahat kacida. Telenges kabina-bina, geus lila jadi ruruhit ka nagara. Hanjakal, najan geus lila diudag-udag ku para punggawa nagara, can katewak waé nepi ka harita.

    “Béjana Sujang téh boga kuda anu ajaib nya?” Raja Rampog muka carita, sanggeus diuk na batu pahareup-hareup jeung Ihsan. Matana rurat-rérét ka sakuriling pangangonan. Bréh, kuda bodas nu gagah kacida di penclut pasir. Beresih, tembong gemet dirumatna.

    “Ah, kuda biasa wéh, Ki Silah…,” tembal Ihsan, katémbong handap asorna. Taya curiga. Nawaran nginum dina wadah nu sayaga sisieunana. Ditampa, regot Raja Rampog nginum semu hanaang kacida.

    “Naon istiméwana, Jang? Kuring jauh-jauh datang ka dieu hayang nyaksian sorangan,” Raja Rampog panasaran nanya.

    “Euh, kieu…,” Ihsan boga dasar watek alus hate. Derekdek, nyaritakeun kaahéngan kudana. Ti leuleutik, kuda nu dibikeun ku dununganana téh geringan waé, nu matak dipasrahkeun ka manéhna oge. Teu kapaké. Teu nyangka, dina pangrumat manéhna mah lain ngan ukur cageur teu panyakitan deui, ogé jadina gagah jeung séhat kacida.

    Unggal poé, si pamuda bageur téh mancén gawéna segut jeung daria, dibarung sering ngalarapkeun dikir ka Mantenna. Antukna kuda téh mun dititah gé surti ku olah wiridna. Mun mireng “Bismillah”, kuda surti mimiti ngaléngkah. Laju mun ngareungeu “Alhamdulillah”, kuda leumpang ngagancangan. Mun pamuda keur meujeuhna sumanget, kecap “Allahu Akbar” jadi tanda keur kuda lumpat satarikna.

    Carita Ihsan teu kebat, sabab Raja Rampog geus ngaguher hareupeunana. Awahing ku iuh tangkal jeung katiup hiliwir angin nu mepende rasa. Ihsan imut, kagugu ku kalakuan sémahna. Laju teu lila milu ngareureuhkeun heula kacapé ngangon ti isuk mula. Pabeubeurang, geus jadi kabiasaan Ihsan sakerejep saré heula.

    “Nuhun, Jang! Ha ha ha…,” Raja Rampog bungah kacida. Nyakakak. Ihsan masih can beunta. Teu mireungeuh yén jalma jahat geus aya na luhureun ingon-ingon kameumeutna. Laju mawa kudana leumpang ngajauhan ka beulah wétan. Barang Ihsan beunta, sémah téh geus euweuh ti hareupeunna. Ukur katémbong titik hideung nu keur lapat-lapat ngajauhan, ngalumpatkeun kudana. (hanca)

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi