• Hong!

    Mapag Balébat


    "Boa teu aya matapoé ieu mah, Kang?" Sunrise, geus lila rerencepan ngaliwat. Wanci srangéngé ilaharna némbongkeun éndah balébat. Pada nganti-nganti, di ieu penclut bulistir. Mandara mangyuta-yuta watu vulkanik masamoan jeung kikisik ngampar. 3.432 mdpl. Dijarugjugan ti madhabpapat. Nyarungsi jalan honcéwang, mangpirang jungkrang jeung netekna tanjakan. Nyorang lolongkrang rembetna kakayon jeung areuy-areuyan. Rempeg narungguan. Nu naréangan diri sorangan. Kapoosan.

    "Urang turun wé, nya, Lis?" Teu gasik némbalan. Ébréh kahanjeluna, najan geus taya daya. Sepa, ngahodhod euweuh reureuhna. “Sakedap deui....” Halon, sésa tanaga. Teu nyana, soré luménglang peutingna mindarupa jadi dordar jijibrugan. Hujan angin tuméga, nyeceb-nyeceb seuseukeut tiis kana saban sumsum balung. Hipotermia, ngadodoho jiwa. Saréréa mubus kémah sakatimuna. Isukna, harepan tiba perlaya. Suda. Katigas samar panempo. Dilingkung kandel pepedut.

    Parat. Lalampahan mapag balébat. Semet di Gunung Slamet. “Béngras téh taya laratanana, Kang....” Jungkiring harepan, dipeunggas layang pamungkas. Nyelap dina uleman kayas. Diteundeun na laci haté. Dibuntel impian nu beuki ngoléas.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi