• Hong!

    Handapeun Kihujan

    Wewelasan, tingjalugrug. Minuhan palataran. Méh taya lolongkrang, keur nu ngaronghéap datang. Jazz RS bodas, angkog-angkogan. Ngarandeg. Jrut. Wanoja opatpuluhan. Raray umyang, riasan nyari basajan. Digamis pulas pias, tudung bungur corak kekembangan. Geulis bawa ngajadi, teu kasilih alum ti tadi.

    Montir ngora, wérpak orén, ngaléos tutas nampa walonan. Ninggalkeun Ratih na pangdiukan, handapeun liliuh dangdaunan. Nengetan nu ngarotéktak rupa-rupa kandaraan. Rurat-rérét. Ngahuleng. Ruménjag. Jungkiring Kihujan ngagentraan panineungan. Saksi peurayna impian. Bruh-bréh kajadian.

    “Akang bakal teras ngantosan....” Ungkara nyeuit. Harita, di dinya. Kang Satya, lanceuk angkatan sakuliahan. Pangbageurna sadunya. Manéhna teu wasa némbalan. Ukur cimata nu ngamalirkeun peunggasna harepan. Kolot teu méréan. Angkeuhan, najan satata atikan, jodo mah béda ijiran. Ratih diboyong Doni, salaki nu kiwari jalir pasini. Runtag. Nyésakeun kingkin taya sudana. Kabawa mulang ti pangumbaraan. Nyorangan.

    “Parantos leres, Bu.” Kusiwel, lokét. “Teu kedah, Bu. Parantos ditanggel.” Nunjuk. Ka lalaki nu keur ngumbar paneuteup. Imut, hareupeun kantor béngkélna. Nungguan.

    (kenging: Yuska Sadéwata)

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi