• Hong!

    Tiis Ceuli Hérang Mata


    Salah sahiji kanimatan anu kacida gedéna, nyaéta lamun cicing di patempatan anu matak tingtrim kana ati, taya dédéngéan nu matak rungsing, samisal papaséaan, omongan goréng, sora klakson patétémbalan teu eureun-eureun, gumuruh mesin, jeung sajabana, ogé taya tetempoan anu matak sareukseuk kana mata, saupama loba runtah anu barala, jalma-jalma anu matak pikasebeleun, atawa kaayaan-kaayaan séjénna. Nu karasa lamun aya di tempat siga kitu téh kasebutna ‘tiis ceuli hérang mata’.

    Kitu pisan anu karasa ku Windu, basa jalan-jalan ka Situmandala, Rancah, Ciamis. Barang nepi ka Wisata Puncak Bangku téh, manéhna mah bangun anu bungah kacida, samalah semu anu hookeun.

    “Anjaay, Mon, aya ku pikabetaheun cicing di lembur siga kieu mah, jaba kasebutna ‘negeri di atas awan’ téa, nya?”

    “Apan heueuh, Du,” témbal Émon reueus pisan, duméh sémahna lugina diajak ulin ka dinya, “apan nu kieu anu disebut tiis ceuli hérang mata téh. Pasawahan ngémploh héjo, hawa cumelecep sakieu segerna, jaba beresih jeung matak tingtrim.”

    “Heueuh ku kitu téana mah, Sarmon, ngan orokaya euy néangan duit téh rada seuseut di lembur mah,” ngomong kitu téh Windu bari ngarahuh.

    “Ah, ceuk saha, Sarkundu? Uing mah hépi wé nu aya di lembur gé. Perkara néangan duit mah, pan aya jalan séjén salian ti ngolah kebon titinggal Bapa. Jaba mucekil deuih ieu mah hasilna! Bisa milyaran, nyaho!” walon Émon daria.

    Windu curinghak. “Bisnis nanahaon karah, Mon?”

    “Uing ngiluan nyieunan poto sélpi di sawah, Du, jang dijieun NFT!”
    “Wadaw, NFT? Bangun nu édun, hadé euy! Naon tatéh? Geus jadi duit, nya?”
    Windu beuki panasaran.

    “Sagala rupa gé butuh prosés atuh, brow. Keur dikeureuyeuh wé heula ….”

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi