• Hong!

    Jual Beuli Satwa Liar Omsétna Nepi ka Triliunan Dolar!


    Bagian-bagian awak tina singa, jaguar jeung leopard jadi gaganti produk anu diincer ku para penyelundup, sok sanajan peménta kana gading gajah jeung cula badak mah katara turun. Kitu nu kaunggel dina laporan utama PBB. 

    Penyelundupan satwa liar nepi ka kiwari masih jadi ancaman anu nyata keur lingkungan, kaanékaragaman hayati jeung kaséhatan umat manusa. Kitu anu dijéntrékeun ku UNODC (Kantor PBB keur Urusan Narkoba jeung Kajahatan), nujul kana analisis ngeunaan trén jual beuli satwa liar anu omsétna ngahontal triliunan dollar.

    Nu nyababkeun beuki mahabuna jual beuli tutuwuhan terlarang jeung satwa liar téh nyaéta ngundakna tarap kahirupan manusa di Asia. Kiwari mah, numutkeun Laporan Kajahatan Lingkungan, bisnis produk-produk terlarang anu asalna tina bagian awak satwa liar téh dijalankeun ngaliwatan médsos.

    Salengkepna mah mangga dibuka di laman The Guardian.

    No comments:

    Post a Comment

    Sajak

    Opini

    Résénsi